Academia.eduAcademia.edu
PANGANTEUR Nu ditulis ku kuring lain catetan ilmiah. Ieu mah ukur pangalaman pribadi, anu lamun ditelek-telek leuwih nyoko kana katotoloyoh urang kampung hirup di kota deungeun. Teu munasabah lamun di jerona wungkul ku pangalaman sasab jeung kabeurangan. Sanajan kitu, saeutik tina pangalaman ilmiah oge ditembrakkeun, nanging henteu dominan cara pangalaman paripolah pribadi. Lain teu hayang nulis maké basa Indonesia atawa basa Inggris, tapi salaku urang Jawa Barat nu miboga basa sorangan asa leuwih merenah maké basa Sunda. Pangalaman batin jeung babasan nu merenah leuwih gampang dikedalkeun. Ngalaman hirup di Adelaide memang teu sosoranganan. Meh unggal poe ka ditu ka dieu duaan jeung Eto. Anu dina jero tilu minggu hirup di Ustrali henteu asa panggih jeung jalma anyar. Jeung Eto téh asa geus panggih mangtaun-taun. Kitu téa meureun nu hirup ‘sanasib’, sanajan dina jero hate geus tangtu aya hal-hal anu teu panuju. Ngan palebah dieu, kawasna Eto leuwih loba nurutna ka kuring anu dianggap leuwih bisa basa Inggris, nu matak palebah sasab jeung kabeurangan Eto mah neumbleuhkeun ka kuring, dugi ka anjeunna maparin lalandian anyar ka kuring salaku ‘penganut aliran sesat’. Padahal mungguh nu hirup babarengan, tangtuna sagala rupa nu kaalaman sayaktina mangrupa akumulasi tina talajak babarengan. Keun ku éta. Nu teges, tina pangalaman sasab jeung kabeurangan jadi loba dongengkeuneun, tibatan anu teu ngalaman sasab sama sakali. Ieu catetan téh sabenerna ditulis unggal-unggal balik ti kagiatan. Di kamer, sabot Eto nyegrek sare atawa be-be-eman, kuring mah ngetik panineungan. Ngahaja teu buru-buru diumumkan liwat media, boh citak boh elektronik, sabab nu diketik harita éstuning draft nu ditulis sahayuna. Angkanan téh tulisan rék diedit lamun geus balik ka Indonesia. Nanging abong sipating manusa, nu direncanakeun téh kalah kapopohokeun ku kagiatan-kagiatan rutin sejen. Ketang sanajan kitu, tina pangalaman di Australia, kuring ka-ideu-an pikeun nulis sababaraha sajak jeung carpon. Malah carpon anu dijudulan ‘JOE’ beunang nulis kuring di Adelaide, dimuat dina Majalah Manglé dua bulan sabada balik ti Adelaide. Paralun, teu pisan-pisan seja nembongkeun agul, nanging kajurung ku kakeyeng wé, hayang ngumumkeun nu ditulis ieu liwat internet. Satadina rék dikirimkeun ka alamat masing-masing, ngan waragad keur ngirimkeunana teu boga, nu mawi kitu dikirimkeun téh liwat facebook baé ngarah gampang. Tangtu, teu sadayana resep jeung sayogi waktu geusan maca catetan kuring. Komo bari ngemutkeun kana kasibukan salira anu tangtos beuki dieu beuki nambihan sabada janten guru profesional saparantos digembleng, dilatih salami tilu minggu di Adelaide. Sanaos kitu, teu aya lepatna upami salira ngersakeun ngaluangkeun waktos geus ngungkaban ieu catetan, malahmandar janten panineungan balarea. Hampura, dina ieu catetan teu sadaya anggota group Adelaide 4 kasebat jenenganana. Sok komo anu henteu pakait langsung jeung nu kaalaman ku kuring. Numawi kitu, ukur Eto, Evih, Rina, Mira jeung Aris nu kasebut leuwih sering, da reujeung nu limaan ieu kuring leuwih sering panggih, utamana di Le Fevre High School tempat kuring ditugaskeun geusan ngalaksanakeun observasi.. Sanaos kitu, teu aya lepatna kuring ngahaturkeun nuhun ka sadayana nu ngageugeuh Group Adelaide 4 : Ahmad Jumhur, Ai Tin Sumartini, Andri Maulana Awaludin, Aris Herlinawati, Chairul Ahmadi, Dachyar, Dede Darusman, Dede Sudjadi, Ella Nurlaela, Eni Setyowati, Eto Suryaman, Evih Apriani, Hartati Kiatnamira, Ida Mgfuroh Nurjamil, Irawati, Ivan Mukti Nugraha, Lia Amalia, Lia Herliana, Milani Anggraeni, Muhammad Argina Farmi, Nurwati, Purwani Retno Yuliati, R.M. Zaenal Arifi, Rebeka, Rensus Silalahi, Rina Agustini, Rudi Rudiman, Sugang Widodo, Tata Solihin, Tati Hermiati, Tyas Dian Wahyuni, Uus Susanto, Veni, Wuryan Lestari, sareng Uus Susanto. Pokona, hatur nuhun ka sadayana. Muga duduluran urang manjang. Luntur saur bahe carek, paneda hampurana, ti lahir tansah dugi ka batin. Majaléngka, Juli 2013 Catetan Kahiji : 27 Mei 2012 Indit ti Majalengka jam 6.30 isuk. Nepi ka Bandung jam 10 kurang saeutik. Ti Leuwipanjang ka Radjiman tumpak taksi. Anjog kadua tiheula, sugan teh rek pangbeurangna, horeng panggasikna. Pukul 13.00 WIB miang ka Bandara Soeta di Cengkareng. Nyimpang heula di Bukit Randu, ngadon dahar sore. Jam genep nepi ka Bandara Cengkareng. Ngurus sagala rupa, surat-surat, narima paspor ti EO (TIARA LEISURE), kartu eusianeun asup ka nagara deungeun, jeung kartu eusianeun engke lamun balik. Dina kartu, boh keur asup boh keur balik, aya data ngeunaan identitas urang, nagara nu dituju, mawa barang naon bae, sabaraha lila di dituna, jeung sajabana. Sakabeh pagawean harita diaping ku TIARA LEISURE, lamun henteu kitu mah asana bakal rada riweuh, da teu apal kudu kumaha carana. Hal-hal anu kakara kaalaman. Suasana bandara, cara daftar tiket, dipariksa barang, dipariksa awak, naekkeun kantong kana bagasi. Sabenerna teu aneh keur nu remen indit-inditan kana kapal udara mah. Sanggeus ngasupkeun koper kana bahasi, antri ka tempat pamariksaan paspor. Nu pariksa teh lalaki kasep bari jeung someah. Manehna nanya rek sabaraha lila di Ustralina, jeung saha bae. Ah, ketang someahna teh boa pedah ningali paspor dinas nu dipiboga ku kuring. Rengse dipariksa paspor teh henteu langsung panggih jeung kapal udara, kudu leumpang jauh mapay lulurung. Di sapanjang lulurung rame ku nu dagang, lain dagang asong atawa kaki lima, tapi toko-toko nu ngajual sagala rupa ti dahareun jeung inuman nepi ka barang-barang suvenir. Di jero teh puguh asa keur jalan-jalan di pusat pertokoan. Memeh sup ka ruang tunggu kudu ngaliwatan pamariksaan awak deui. Nalungtik bisi barangbawa barang anu pibahayaeun. Sanggeus yakin aman, diidinan asup. Ayeuna mah asup teh ka lulurung anu leuwih leutik jeung sepi. Di beulah ditu geus katingal sababaraha urang narangtung. Malah nu mariksa teh aya bule sagala. Di dieu nu dipariksa teh barang anu dijingjing atawa nu digandong. Alhamdulillah, lulus! Sup weh ka ruang tunggu. Mani geus asa hayang gok jeung kapal udara, babakuna hayang buru-buru nepi. Bet asa kasiksa, dipariksa itu dipariksa ieu di sababaraha tempat bari jeung teu daek diiangkeun. Rek tepung jeung kapal udara bae oge kudu diuk heula nungguan giliran panggilan. Kawasna keur sasadiaan keneh crew kapal teh. Aeh, ketang apan puguh waktuna. Harita teh kapal nu ka Australia teh derpature-na jam 20.25 WIB. Tina pengumuman nu make basa Inggris kapireng, aya panggilan geus waktuna asup ka jero kapal. Nu dipanggil mimitina penumpang di kelas eksklusif atawa VIP, pangpandeurina kelas ekonomi. Kuring jeung rombongan anu lobana 36 urang guru-guru sa Jawa Barat asup ka kelas ekonomi. Ngarah murah meureun. Heuheu! Asup ka jero kapal teh teu nyaho di rupa kapal kawas kumaha. Da ujug-ujug disampakkeun panto asup sanggeus ngaliwatan lulurung leutik. Dipapagkeun ku imut pramugari nu jarangkung barodas, bule Australia. “Welcome...,’ cenah ka unggal penumpang. Masing-masing penumpang diuk numutkeun nomer korsi anu kaungel dina tiket. Kasieun nu kabayangkeun teh geuning teu aya, da sanggeus diuk mah asa dina beus biasa. Ngan basa kapal mimiti maju karasa pisan milu ngalayang. Para pramugara jeung pramugari mapatahan kumaha carana make beubeur pengaman sarta make alat-alat lamun kaayaan darurat kajadian. Pamikir, ulah atuh nu darurat kajadian mah. Muga salamet nepi ka tujuan. Ya Allah, paparin kasalametan, sing dugi ka Ustrali, sing lancar di jalan sing lancar di dituna, sarta sing nepi deui ka lemah cai. Geuleuyeungna kapal karasa mawa awak ngalayang. Mimitina laun, tuluy tarik, saterusna ngapung dibarengan ku ngalenyapna hate. Satadina hayang ningali Jakarta nu ditinggakeun, tapi ku lantaran peuting, teu katingal nanaon iwal tingcarelakna lampu di handap. Di sapanjang perjalanan, unggal dua jam sakali pramugari atawa pramugara nawarkeun dahareun jeung inuman. Sagala rupa, ti mimiti sangu nepi ka dahareun anu teu pikahartieun. Inuman teh, lamun lain cienteh atawa kopi nu dipenta, tiis cabrek da dikulkasan meureun. Ceuk pikir, moal boa turun ti kapal udara bakal nyeri beuteung da disuguhan bae inuman nu tarariis. Mangkaning peuting. Teuing sabaraha kali ngalenyap sare. Asa reupnyah, kagareuwah ku nu nawarkeun dahareun jeung inumeun. Sakapeung lalajo pilem dina layar televisi nu nangklok tukangeun kursi nu didiukkan ku nu hareupeun, atawa ngadengekeun musik tina headphone. Asa resep tumpak kapal teh geuning. Hanjakal teu bisa usik laluasa. Tempat diuk teh sempit, ukur pas saawakkeun. Di sisi kenca katuhu aya batur. Hanjakal teu kabagian di sisi diuk teh. Di tengah mah asa teu bisa hojah. Nu kabayangkeun turun teh bakal nyeri cangkeng sabab lila teuing diuk bari teu bisa usik laluasa. Ningal kana jam geus meh asup subuh. Bet ditawaran dahareun aneh. Poho deui, tapi karasana rada....teu ngeunah. Nginumna jus jeruk tiis. Sarua teu enak. Janari kitu nginum citiis, leuh moal matak mules kitu? Catetan Kadua : 28 Mei 2012 Kira genep jam perjalanan, nepi ka Bandara Sidney. Alus bener bandara di nagara deungeun. Sanggeus dicek kartu ‘kedatangan’, ngumpul di lobi. Teu marandi, ngadon arulin dibawa ku bu Lisa nguriling ka basisir Bondi, Opera House, The Rock, Pearl Gate, Pasar Cina, jsbte. Dahar beurang di RM Kasturi, hiji restoran bogana urang Malaysia. Saterusna ka Bandara domestik Sidney, naek kapal udara deui ka Adelaide, kurang leuwih 1,5 jam. Tabuh 6 nepi ka Adelaide, langsung dipapagkeun ku Homestay, Mr. Troy. Pamilon nu sejen oge dipapagkeun ku homestayna masing-masing sakumaha babagian homestay anu geus ditangtukeun. Alamat homestay oge nu hiji jeung nu lianna téh pajauh. Kuring jeung Eto di 54 Beach St., di wewengkon Grange. Bari ngagunakeun basa Inggris saayana, sapanjang jalan kuring tetelepek ka Troy, ngeunaan béja kasehatan, pagawean jeung kulawarga. Tapi basa ditanya ngeunaan pamajikan, manéhna semu rumahuh. Kungsi kawin cenah ka awéwé turunan India, tapi pepegatan. Ayeuna jadi single parent, ngurus Ella, budakna awéwé umur 11 taun. Troy téh pulisi, nanging sawaktu-waktu boga pagawean tambahan jadi tukang motong jukut. Kitu numutkeun katerangan manéhna basa ngobrol sapanjang jalan ka Beach St. Kalawan sabar manéhna ngajawab sakur pananya kuring. Kesan awal ngeunaan dirina, Troy téh bageur, figur bapa nu meuweuh ku wibawa. Teuteup matana pinuh ku kanyaah. Sajolna ka imahna di 54 Beach St., manéhna kaprak-keprek ngasakkeun sagala rupa. Malah nyangu sagala. Cenah ngahaja disadiakeun keur tamu ti Indonesia, sangu, da rék dibere kadaharan Ustrali téh mimiti mah bisi kaget cenah. Isukan jeung saterusna, ceuk Troy, kuring jeung Eto kudu bisa nyaluyukeun diri jeung letah manéhna, letah urang Ustrali. Beres dahar jeung sagala rupa, sare weh. Catetan Katilu : 29 Mei 2012 Hudang subuh asa nyeri cangkeng. Sare di tempat sare budakna Troy. Kamer leutik tapi resik, di jerona barang budak wungkul, meja tulis, buku-buku, boneka kuda, boneka sagala rupa boneka, tempat runtah, ranjang, bantal, sepre, lomari kaca, jeung karpet ngagelar ngalimpud ubin kamer anu perenahna di luhur, di loteng. Eto mah ku Troy téh ditempatkeun di kamer handap, deukeut ka dapur. Bari jeung harese, jeung tadina inggis ku nu ngabejaan, yen lamun mandi ulah kadenge kerecekna cai bisi kadengeeun ku nu boga imah, mandi teh mani ati-ati, lalaunan. Ngaluarkeun cipanas ngarah teu tiris. Mandi téh teu lila, karunya ka nu boga imah, listrik jeung cai bejana mahal. Reres mandi solat subuh di kamer, anu boa karek ayeuna kasasaban ku nu solat. Kuring teu apal Troy agamana naon, nu teges Troy lain muslim. Rada kaleked, milihan baju nu kira-kira haneut dipakena. Tuluy turun, breakfast jeung Troy jeung Pa Eto. Ti rohang tengah kaluar budak awewe, horeng anakna Troy, Ella, umur sapuluh taunan geus saged miang sakola. Rengse sarapan bareng, miang kana mobil Troy. Cenah poe ieu mah rek dijajapkeun ka EDC (Education Development Centre) di wewengkon Adelaide keneh. Isuk harita tirisna nataku. Sanggeus nganteurkeun Ella ka sakolana, kuring jeung Eto langsung dijajapkeun ka EDC. Asa pangisukna datang teh, horeng rada elat, da batur mah geus karumpul di jero rohangan meeting. Poe éta dibere ceramah ngeunaan pola pembelajaran jeung rencana kagiatan sapopoe sajero tilu minggu ti Mrs. Julie, dibantuan ku Ibu Rini jeung Ms. Lillie, wanoja bule turunan Eropah. Rada hese oge geuning ceuli teh narima kekecapan bahasa inggris Ustrali anu ‘rada’ beda ti inggrisna urang Amerika jeung urang Inggris asli. Sakecap dua kecap ketang aya nu kaharti. Ngan kuring asa ditaranjangan, da teu wani atuh harita mah rek ngangken diri guru bahasa Inggris teh. Soalna, leuwih loba teu ngartina batan ngartina. Lebah istirahat, manggih dahareun ala Indonesia. Ih, geuning aya kadaharan Indonesia di dieu, aya goreng martabak, resoles, jeung papais cau. Tadi isuk mah basa sarapan di imah Troy ngan ngasaan sereal campur cisusu tiis cabrek, teu singna ngeunah kana letah. Ku troy oge ukur dibekelan dua potong roti eusi keju susu jeung keureutan bonteng. Beu, teu ngeunah sarat. Bating, seep ge hanteu. Sesa dahareun teh kapaksa dipiceun ka wadah runtah. Engke lamun Troy nanya ngeunah henteuna, rek dijawab ngeunah we. Enya we, basa dinner, Troy nanya : “Do you like it?” Dijawab : “Yes, I like it very much.” Cekeng. Balik ti EDC tumpak beus kota sapanuduhan Troy. Leumpang sakeudeung ti EDC, teu ngendek nungguan lila, beus ngurunyung. Naek kana beus bari jeung rada rungah-ringeuh, teu nyaho kumaha carana ngagosokkeun karcis. Leuh, ni era, ngagosokkeun karcis teh salah. Beus téh ujug-ujug eureun, si supir nyampeurkeun ka palebah Eto. Ngomong ka Eto yén kartu salah ngagosokkeunana. Kuring rada nyeungseurikeun. Abong urang Ciamis, ceuk pikir. Eh, horeng si supir anu geus meunang umur téh neangan kuring oge. Heuheu, kuring oge geuning salah ngagosokkeun, tibalik kartuna. Ku supir dicontoan cara ngagosokkeunana. “I’m sorry, Sir.” Ceuk kuring. Supir teu nembal, gek diuk deui nyekel setir, geuleuyeung beus maju deui. Abong nu keur sial, lebah eureun teh salah tempat pangeureunan. Kuring jeung Eto jrat-jrut turun di halteu no. 19A, kuduna di halteu no. 29A. Kapaksa leumpang, neangan pangeureunan beus no 29A. Jauh mela-melu, suku ge asa lecet jeung pegel deuih. Ku sialna teh, sanggeus kapanggih pangeureunan no 29 A, neangan imah Troy teu katimu. Asruk-asrukan neangan, mangkaning geus wayah Isya harita. Nanya, nanya ka saha, mani euweuh tanyaeun, euweuh jelema ngulampreng. Adelaide kota leutik nu padumukna ukur dua juta teh sepi kabina-bina. Sanggeus karalang-kuriling, manggih garasi nu wangunna sarua jeung garasi imah Troy. Kuring yakin ieu garasi imah Troy. Rék keketrok téh rungkag-rengkog, kalah timbul ragu-ragu. Kumaha lamun lain imah Troy? Kapaksa nelepon Troy. Bebeja yén kuring jeung Eto sasab teu bisa balik. “Where are you now?” cenah ceuk Troy dina telepon. “Wé’re at the 29A bus stop,” cekeng. “It’s easy, go to High St., turn right, and you’ll find my house!” Puguh tadi téh asa geus asup ka jalan éta téh, ngan weleh teu kapanggih. Panasaran, nguriling deui. Bating, imah Troy teu katimu. Era-era gé nelepon deui Troy. Wakca ménta dipapagkeun. Sanggeus dititah nungguan sakeudeung, kurunyung Troy mawa mobil duaan jeung anakna. Horeng, imah Troy aya di peuntaseun jalan. Paingan teu daek timu da geuning salah blok. Dahar peuting téh bari nyesakeun cape tas leumpang aya kana 12 km-na. Bari ngobrol di rohang tamu nu ngahiji jeung dapur, kuring nyoba-nyoba muka internet maké modem Indonesia jeung kartu Simpati. Hanjakal teu bisa konek, teu bisa mere beja nanaon ka nu di lembur. Troy, homestay kuring ngabantuan sangkan internet bisa konek, tapi teu hasil. Kira jam 20.30 kuring amitan ka Troy rék ka luhur. Tunduh, cekeng. Eto oge nuturkeun, asup ka kamerna nu perenahna aya di handap. Bari lalangkarakan di jero kamer, pikiran ngalayang ka nu di lembur. Peuting ieu, di lembur, di Majalengka, si cikal rek mintonkeun kacapi kreasi. Hiji acara anu sakuduna kuring aya di antarana. Tadi beurang sempet dicek, ditelpon, keur aya di perjalanan cenah ti Bandung keur nuju ka Majalengka. Basa sore dicek deui, geus siap cenah, kari prung. Alhamdulillah, untungna Si Cikal, Hegar Parangina, geus bisa diandelkeun. Sanajan salila di Adelaide kuring ninggalkeun sababaraha acara penting di lembur, bisa beres alatan aya manéhna. Catetan kaopat : 30 Mei 2012 Hudang sare kabeurangan. Ngeunah teuing tayohna, sanggeus cape leumpang jauh neangan imah Troy kamari sore. Lamun téa kuring jeung Eto taliti maca catetan nu dibekelkeun ku Troy, teu kudu ngalaman sasab sagala. Padahal geus digambar make peta beunang nyieun Troy sorangan, nanging abong di lembur anyar jeung kaayaan pararoek, sasab téh meureun kudu jadi carita awal kuring di Adelaide, ngamimitian sasab-sasab saterusna alatan kurang telik jeung embung tatanya. Yén ti semet harita kuring kudu siap narima sesebutan ‘aliran sesat’ ti Eto. Mandi ninggang di tiris, kalah ngedegdeg kabulusan, antukna ukur sibeungeut. Duka Eto nu aya di kamer handap, naha mandi atawa henteu. Teu kungsi ditanyakeun. Lantaran telat teuing Troy nyusulan ka luhur, ngajak sarapan. Di meja makan geus ngaderak dahareun keur sarapan isuk nu disadiakeun ku Troy kalawan gura-giru. Sasayagian teh manehna mah geus saged make pakean seragam pulisi, tatan-tatan indit ka pagawean. Basa dahar teh manehna mah teu milu, da langsung pamitan indit digawe. Najan teu pati cocog kana letah, toast beunang nyieun Troy beak didahar. Memeh indit manggegerohkeun heula pakakas dapur Troy, sabangsaning sendok, garpuh, peso, piring, jeung gelas. Tuluy dituuskeun luhureun karancang kawat luhureun pang-cuci-an. Indit ka setopan beus teh leumpang heula, rada jauh. Ti imah Troy mengkol ngenca mapay Beach St., mengkol ngenca deui ka Surrey St nu arah ka Grange Road. Nungguan busway téh di Halteu No. 29A nu sore tadi nyasabkeun kuring jeung Eto. Pegel dina suku urut leumpang kamari masih keneh karasa, lalinu sabuku-buku. Lamun tea jiga di urang, aya beca atawa ojeg, rek clak bae tumpak. Hanjakal euweuh nu kararitu. Kandaraan nu balawiri meh kabeh mobil pribadi. Ukur sakali kuring ningali nu tumpak sapeda motor. Basa di Sidney, kuring manggihan sapeda motor nu diparkir, tapi teu sakali-kali acan manggih nu keur ditumpakan di jalan. Teu ku hanteu, abong kudu kabeurangan – padahal acara di EDC dikawitan pukul 8.00 –, beus nu ditungguan teh telat datangna. Dina pikiran, kuring kudu tumpak beus nomer B10 sabab kamari basa balik jeung eureun di setopan nu salah, kuring tumpak beus eta. Tapi nu ditungguan teu jebul bae. Aya ge beus nomer 300, teu distop da pamikir lain beus nu eta, keur mah nyemprung bae teu sari-sari rek eureun. Lapur. Nunggu deui lila, aya kana sajamna. Kuring jeung Eto kukulutus, pajar lima menit sakali beus liwat, geuning ayeuna geus sajam can aya keneh bae. Jebul teh beus nomer 300 deui, kapaksa we naek. Tapi kituna teh bari jeung tatan-tatan pindah beus, sabab ceuk rarasaan ieu beus moal liwat ka stopan beus nomer 12 nu deukeut ka EDC. Enya bae, beus mengkol ka jalan arah sejen. Kapaksa turun, nurutan nini-nini nu katangar jagjag keneh turun di jalan anu sarua. Malah meuntas oge nuturkeun manehna. Kuring mah meuntas teh inggis kateumbrag mobil, na da manehna mah teu hariwang teu sing najan meuntas make iteuk oge. Abong urang dinyana! Ka stopan beus nomer 12 teh jauh keneh, kapaksa pindah beus ka beus nomer B10. Sial pisan, abong nu teu nyaho, beus B10 arahna henteu langsung ka EDC. Turun jauh keneh, dijugjug ku leumpang deui. Lah ku hararese di nagri deungeun. Euweuh angkot, euweuh ojeg, euweuh beca, euweuh delman. Nepi ka tempat kuliah teh kabeurangan. Ibu Adele Boster geus aya di hareup, siap mere kuliah ngeunaan SACE, sistem assessment anu ilahar dilaksanakeun di Australia. Ieu Dosen teh geulis pisan ceuk kuring mah najan beuteungna bureuyeung keur kakandungan. Bet juljol pipikiran goreng...! Ngawawaas salakina, ngawawaas kahirupanana...! Bekel lunch ti Troy teu dibuka. Asa hoream kudu ngahuapkeun deui roti eusi keju. Ngarah teu kosong teuing padaharan, milu ngasaan pasak mi bawa ibu-ibu. Lumayan tamba lapar teuing. Kadaharan nu sing sarwa amis kana letah karasana palal! Gusti, abdi ngarumas... Sesi kuliah kadua ti Pa Terry, katarajang tunduh kabina-bina. Bawaan teu ngarti kana kekecapanan basa Inggris Ustrali meureun, kuring kalah leneng bari jeung dina padaharan aya nu karasa tingjaredud. Boa salatri... Rengse sesi kuliah kadua, balik teh beurang keneh, karek jam opat harita teh. Tapi poe geus surup pisan, jeung hawa tiis kacida. Di hareupeun gedong EDC ngadon diparoto, ngamangpaatkeun pamandangan alus; gedong nu luhur, jalan nu simpe, jeung daun-daun warna beureum koneng jeung orange nu maluguran tina dahanna. Sababaraha urang ibu-ibu ngajak jalan-jalan heula, tapi teu kungsi dituturkeun da mariheulaan jeung teu kanyahoan ka mana ngaraleosna. Leuleumpangan soteh jeung Eto hayang nyaho we kaayaan di jalur jalan nu rada rame, ngaliwatan pertokoan anu geus mimiti tarutup, ningalian gedong Adelaide Entertainment Centre jeung nu sejenna. Muru deui stopan beus nomer 12 nu arah ka stopan 29A. Leuh, ku aya-aya baé sasalad téh. Karcis nu ti isuk diselapkeun dina papan ngaran téh teu bisa didaftarkeun. Sababaraha kali diasupkeun kana liang karcis dina jero beus téh gagal baé. Unggal diasupkeun kana liang panggosokkan, kalah disada pak-‘gorokgok’. Supir ngalieuk, nyalukan kuring sangkan nyampeurkeun ka lebah manéhna. Geus goréng sangka, geus pasti kuring dicarekan deui, da supirna oge geuning nu kamari nyarékan kuring jeung Eto. Horeng lain. Supir téh henteu nyarékan. Manéhna mere sacewir keretas pernyataan penggantian karcis, eusianeun. Ku kuring eta karcis dieusian make ngaran jeung alamat Troy. Tapi basa rek turun disodorkeun deui ka supir, ceuk supir eta keretas pernyataan teh kudu diposkeun ka alamat PO BEUS-na atawa dibikeun langsung ka konter tempat ngajual karcis kandaraan. Padahal kuring bingung ka bina-bina, kudu ka mana nukeurkeun éta kertas sacewir. Nepi ka imah leuwih tiheula tibatan Troy. Ayeuna mah teu sasab najan geus paroek oge. Harita téh asa geus peuting pisan, horeng karek jam genep. Réngsé solat anteng ngalamun. Ras inget ka nu di lembur. Poe ieu, Lia, pamajikan kuring, indit pelatihan UKG di Bandung lilana satengah bulan. Hartina si Bungsu, Muarabagja, ditinggalkeun sorangan di imah. Dibaturan éta oge ku Ma Nani, nu biasa ngasuhna, ngan ari ditinggalkeun lila ku duaan mah asa can kungsi. Awahing ku hayang nyaho kumaha bejana, kuring nelepon. Réngsé nelepon, teu karasa cimata nyurucud teu katahan! Gusti, paparin kasalametan kanggo pun bojo, pun anak, abdi, ka sadayana... Peuting ieu dinner teh disuguhan spaghetti. Demi Allah, saumur-umur kakara ngadahar nu kitu! Rengse dahar ditepungkeun jeung hiji awewe – urut pamajikan Troy – turunan India. Basa paduduaan, Eto ngaharewos : “Cikan, nu kabayangkeun ku Pa Ikin popotongan Troy kawas kumaha?” “Geulis,” ceuk kuring. “Kanyatanana?” “Goreng!” Kuring duaan patingcakakak! Bari jeung enyana, geuning urut pamajikan Troy téh hideung jeung rada ....ngohngor. Padahal Ella, anakna, keur geulis téh boga pakulitan bodas kawas bapana. Teu ngala ka indungna. Catetan Kalima : 31 Mei 2012 Kaluar ti kamar teh Troy mah geus miang tiheula. Bebekelan keur dahar beurang geus disayagikeun. Cenah Troy téh amitan ka Eto mah, rek muru digawe. Dina timbel pinuh ku pasak mie, teuing naon ngaranna, teu dibuka, sup bae kana kantong. Poe ieu kagiatan téh dipuseurkeun di Art Galery. Ti stopan 29A naek beus B300. Ku lantaran karcis kamari teu laku, kuring meuli karcis dina jero beus pikeun dua kali jalaneun. Cukup keur miang jeung keur balik. Eureun di stopan beus no 12, leumpang ngaliwatan EDC kurang leuwih 3 km. Saterusna rék nurutan batur tumpak trem. Sajajalan memeh anjog ka stasiun trem nu perenahna hareupeun Adelaide Entertaniment Centre, kuring jeung Eto sumpang simpang heula ka toko elektro, natanyakeun stopkontak kombinasi anu liangna ukur dua cara di Indonesia. Nanging sanggeus tilu opat toko disimpangan, weleh teu nimu anu dimaksud. Padahal kuring jeung Eto butuh pisan keur nyambungkeun charger, geusan ngeusian strum HP, laptop, jeung android. Clak kana trem nuju ka puseur kota. Pangalaman anyar tumpak trem. Jeung Eto culang-cileung nempoan tempat ngagosokkeun karcis atawa lamun bisa rék meuli ka supirna cara dina beus. Nanging tempat ngagosokkeun karcis téh teu timu. Ka tempat supir oge kudu ngaliwatan panto anu ditutup rapet tur dikonci pageuh. Bari diuk téh hate mah rumegag inggis diturunkeun ku security lantaran tumpak trem teu bayar. Kabeneran diuk téh gigireun lalaki bule maké jaket kandel sarta ditopi warna bodas semu kuleuheu. “Morning,” cekeng. “Morning,” tembalna. “How can I pay this, Sir?” tanya kuring. “It’s free. You can go anywhere by this tram freely.” “Oh, I see. Thank you.” Aya kandaraan gratis sagala geuning di batur mah. Untung atuh, karcis anu ukur dua kali jalaneun téh nu sajalan deui mah can waka kapake. Bisa dipaké engke keur balik. Saterusna kuring ngobrol jeung ieu lalaki. Cenah manéhna gé kakara ka Adelaide téh, dua poe ka tukang manéhna datang ti Kanada. Sajeroning ngobrol téh kuring leuwih loba oh-na batan nyaritana! Komo Eto mah, teu sakecap-kecap acan milu ngobrol, sibuk ningalian awéwé urang Ustrali nu jol geulis jeung geulis baé, atawa be-be-eman jeung nu di lemburna. Sakali-kalieun manéhna ngaluarkeun tablet android, jepret-jepret moto dirina sorangan. Turun ti trem bingung datang. Ka mana leosna lamun hayang anjog ka Art Galery? Rék tatanya téh rumegag, leuwih loba erana. Nitah Eto kalah mugen, batan nyoba nanya kalah ka naksir budak awéwé nu pakulitanana sawo matang. Ketang da mata kuring oge nuju ka éta budak awéwé. Sarua ieu budak awéwé téh turun tina trem, leumpang bari nelepon mani noroweco. Teu jentre basa naon nu dipakena. Kuring nyangka ieu budak awéwé pastina urang Indonesia. Dina henteuna, urang Malaysia meureun. Basa rék nyobaan disampeurkeun, si budak awéwé téh kalah leumpang mani gancang. Dicoba diudag ku duaan téh teu kaudag. Si budak awéwé leungit di hiji pengkolan. Sanggeus leumpang rada meueusan bari jeung tatanya ka sababaraha urang, antukna anjog di Art Gallery, perenahna di North Tc anu natangga jeung gedong State Library. Beulah kencana aya National War Memorial jeung Parliament House. Hiji tempat anu ditata apik maké nuansa kuno jeung leuwih ngagungkeun kabaheulaan. Ya Allah, éndah pisan ieu tempat. Ukur kareueus jeung kahook nu ngancik dina hate, bari sakapeung ngababandingkeun jeung kaayaan di nagri sorangan. Di sapanjang jalan hareupeun Art Galery loba nu ngahajakeun jalan-jalan, ningalian kaendahan pakaya kota. Aya sababaraha arca nu diwangun ngahaja geusan minuhan kaendahan. Sababaraha kelompok budak sakola katingal imeut nalingakeun kaayaan luareun Art Galery jeung musium kota diaping ku guruna. Kawasna resep lamun di Indonesia aya nu sarupa kieu. Kuliah kahiji di Art Galery ngeunaan potensi inclusive education ku Pa Quente Iskov. Eusina ngeunaan eksistensi kaum disabilities. Ieu téh kaum anu ku Pangeran dipaparin ‘kautamaan’ dina rupa-rupa hal patali jeung kakurangan anu aya dina dirina. Cindekna disabilities téh jalma-jalma anu miboga kaistimewaan (lamun teu rék disebut kakurangan) anu teu lumbrah jeung jalma normal. Bisa baé nu disabilities téh nu tanpa daksa, nu torek, nu pireu, nu teu bisa nyarita lancar jeung rea-rea deui. Ieu kelompok masarakat nu ngapimilik kaistimewaan téh di Ustrali (jeung umumna di nagara-nagara maju di Eropa jeung Amerika) meunang perlakuan istimewa. Anu tanpa daksa, contona anu ukur bisa naek korsi roda, bisa laluasa meunang tempat dina train, busway, taksi, atawa trem. Keur kaum abilities oge disayagikeun tempat parkir husus, jeung toilet husus. Tangtuna fasilitas istimewa ieu téh dirancang husus, diluyukeun jeung pangabutuh kaum disabilities. Da kituna mah bujeng-bujeng ka kaum disabilities anu sasatna manusa – makhluk anu diistimewakeun ku Gusti Allah, dipaparin akal jeung pikiran – dalah sato oge di Ustrali mah meunang kaistimewaan anu luar biasa. Apan anjing oge atawa sato piaraan lianna di Ustrali mah disayagikeun tempat ‘cuci’-na husus. Sesi kadua kuliah téh ngeunaan suku bangsa Kaurna di Adelaide. Kaurna téh hiji suku bangsa asli bibit-buit bangsa Aborigin. Numutkeun béja, bangsa Kaurna datang ti Makasar tahun 1500 SM. Dina jero sababaraha dekade ieu bangsa Kaurna loba kasikangkeun hakna ku bangsa kulit bule anu datang ti Eropa. Hak-hak hirupna dikadali. Nanging ku alpukah Pamarentah, diayakeun rekonsiliasi, anu ahirna urang Kaurna atawa Aborigin meunang tempat dina rupa-rupa widang kahirupan di Australia, sacara sosial, ekonomi jeung pulitik. Bangsa Kaurna salaku bibit buit bangsa Aborigin ngabogaan pakaya adat-istiadat anu hirup sacara turun-tumurun. Kahirupan bangsa Kaurna jeung adat-istiadatna baheula lumangsung di sapanjang walungan Torrens. Pikeun ngabuktikeun titinggal bangsa Kaurna anu mangrupa patilasan jeung situs, Ibu Carolyn Giss ngajak sakabeh pamilon nguriling ningalian patilasan bangsa Kaurna. Ti Art Galeri leumpang mapay jalan North Terrace, tuluy meuntas jalan King William. Ti dinya mengkol ka kenca asup ka hiji tempat anu wangunna patamanan kota tuluy nuju ka Dinton Playhouse. Hareupeun Adelaide Festival Centre diajak ningalian batu-batu titinggal bangsa Kaurna, antarana aya Red Kangoroo Rock, batu beulah, jeung sababaraha lambang adat lianna. Ti Adelaide Festival Centre mudun ka sisi walungan Torrens, hiji walungan panjang anu ngamuara di laut kiduleun Adelaide. Di walungan ieu urang bisa nyaksian entog hideung sabubuhan anu ngojay ka ditu ka dieu kalawan bebas. Manuk bulkok bodas oge bisa kasaksian hirup bebas di sapanjang ieu walungan. Ti dinya meuntas ngaliwatan hiji bendungan (dam) anu ngatur sirkulasi cai walungan Torrens. Leumpang mapay hiji lahan anu wungkul ku tatangkalan anu daunna maluguran. Bisa kasaksian sababaraha arca jeung tanda titinggal adat Kaurna. Leumpang nepi ka Montefiore Rd, mengkol ka katuhu ka Montefiore Hill. Ti dinya bisa katingal wangunan Adelaide festival Centre anu bentukna oval. Laju ka Pennington Terrace, anu ahirna anjog deui di William King Rd. Rada cape meueusan diajak leuleumpangan sakitu jauhna. Anehna, Ibu Caroline mah teu katingal capeeun. Leumpang gancang pangheulana, diabring-abring ku pamilon awéwé lalaki. Di sapanjang jalan Ibu Caroline mere katerangan ngeunaan itu-ieu patali jeung eksistensi urang Kaurna. Balik ti Art Galeri, clak kana beus. Lantaran can kaburu meuli karcis di konter pelayanan nu ngajual karcis kendaraan, kuring meuli karcis dina beus. Nanging barang kuring nembongkeun duit kertas AUD 50, supir nanya naha euweuh duit nu leuwih leutik cenah. Kuring ngajawab teu boga, da memang enya. Supir teu ngaladangan karcis, kalah nitah diuk. Kawasna, mun isukan meuli deui karcis ku duit lambaran lima puluh dollar, bakal gratis deui! Subahanallah! Mugi-mugi, haha! Catetan Kagenep : 1 Mei 2012 Peuting ieu sare leuwih loba lilirna. Sanajan sagala katémbong éndah, teuing ku teu betah di lembur batur. Padahal sagala rupa nembrak, sare kari dug, barangdahar kari am, indit kari jung. Gratis deuih! Babakuna inget ka si Bungsu anu sapopoe boa ukur jeung Ma Nani. Sugan bae babaturanana maturan, atawa dilongokan ku indung kolotna. Kuring teu bisa maluruh. Kontak jeung indungna ge rada hese, da meureun keur sibuk pelatihan di Bandung. Hayang nanyakeun kumaha bejana asa teu werat, da puguh pikiran mah leuwih museur ka lembur matuh banjar karang pamidangan. Abong ceuk paribasa : Hujan emas di lembur batur teu leuwih hade batan hujan batu di nagri sorangan. Paduli teuing di lembur sorangan gegek ku padumuk, pabaliut motor, balawiri teu pararuguh, nu penting mah letah kaanteur. Ah, bohong teuing ketah, mun disebut sagala bebas, da buktina di tempat nganjrek teh asa rumegag peta. Enya Troy teh bageur, ngahormatan ka tamu, tapi kuring jeung Eto nu jadi tamu teu bisa kitu bae narima kabebasan nu dipaparinkeun. Aya sababaraha norma jeung budaya satempat anu kuring teu bae paham. Teuing boa kuring anu loba suudzon, pikiran leuwih loba kumalayang kana hal-hal lian batan kana kagiatan nu keur disanghareupan. Isuk ieu kuring kudu indit ka tempat anu sama sakali can kungsi disorang, nya éta ka DECDS, Departemen Pendidikan mun di urang mah. Tempatna di wewengkon Victoria Square cenah. Kudu tumpak deui beus bari jeung teu boga duit dollar koin. Kumaha nya pipetaeun? Da geuning di Ustrali mah teu jiga di lembur, yen duit gede bisa ditukeuran ku receh di warung. Di Ustrali mah nukeurkeun duit téh kudu ka Bank. Teuing ketang lamun bari jajan, sakalian ngarecehkeun. Sedengkeun unggal rék jajan pikiran pabaliut jeung rasa lebar. Unggal rék jajan hahargaan dollar Ustrali téh dibabandingkeun jeung duit rupiah. Antukna jajan téh tara tulus, da ngarasa rugi. Antukna mah boga duit lambaran dollar teh, najan dina itungan duit rupia gede, kalah asa kasiksa! Turun ka tempat dahar rada telat, Troy kawasna geus indit digawe sakumaha omonganana peuting tadi, yén manéhna rék mangkat digawe isuk-isuk. Luhureun meja dapur aya sangu dina panci sesa tadi peuting. Kabeneran. Dihenggoy we ku duaan, deungeunna cukup kiripik oncom jeung sukri (suuk teri) bawa Eto ti Ciamis. Ngeunah we najan sangu asa tim, eta meureun ngagigihanana loba teuing cai. Rengse dahar, kurunyung teh Troy jeung anakna, kawasna Troy lain indit digawe, tapi nyampeur anakna nu meuting di imah popotonganana. Jeung popotongan teh cenah ceuk troy – basa balik mapagkeun ti Bandara Adelaide – ayeuna mah asa jeung babaturan. Si Ella, anakna, dipiara bagilir, di imah manehna tilu poe, sesana di indungna. Ngan ku lantaran aya kuring jeung Eto, budak teh jadi leuwih mindeng cicing di indungna, sabab kamer sarena dipaké ku kuring. Ku sabab kuring jeung Eto kudu buru-buru indit, kapaksa teu bisa breajfast bareng. Keur mah da enggeus miheulaan tadi. Teuing tah sarapan naon ieu bapa jeung anak teh, da katingalna mah sereal dibanjur cai susu. Enya, nu kitu téh kadaharan urang Ustrali anu can karasa ngeunahna ku kuring jeung ku Eto. Nyegat beus teh leumpang heula rada jauh, muru stopan no 29A. Aya ku poho rek nginjeum duit dua dollar ka Troy, keur meuli karcis. Kapaksa nembongkeun deui duit lambaran 50 dollar ka supir (harita supirna teh awewe geus meunang umur). Supir ditembongan duit 50 dolar teh kalah nyerengeh. Kuring surti yen manehna teu siap mere pamulangna da gede teuing. “Thank you,” ceuk kuring bari diuk. Tapi na hate mah asa dosa, bet kateuteuari tumpak mobil umum teu mayar! Asa deuk bener turun tina trem teh, horeng kaliwat. Nyaho yen DECDS kaliwat teh sanggeus nanyakeun ka Ibu-ibu urang dinya nu rek meuntas jalan. Cenah kaliwat. Kuring jeung Eto kudu leumpang deui meuntas tilu jalan ngaliwatan Victoria Square. Bari leumpang mata mah tumpa-tempo ka ditu ka dieu, ningalian gedong-gedong nu samagreng bari jeung bentukna ararunik. Kota modern teh teu singna kota titinggal jaman baheula. Sagala antik. Breh ningali hiji toko anu di plangna aya tulisan money. Pamikir, ieu pasti bank, atawa saeutikna hiji pausahaan anu aya patalina jeung duit. Mun di urang mah BPR meureun. Kuring asup, wakca rek nukeuran duit. Bedus, pokna teh teu boga receh da di dieu mah lain tempat nukeuran duit. Kuring dituduhkeun ka Bank peuntaseun jalan. Tapi teu diwaro, kalah tonggoy jeung Eto muru DECDS, sabab geus pasti kabeurangan. Mun di urang mah meureun babari neangan gedong pakantoran teh da sok make plang pabadag-badag. Ieu mah henteu. Néangan gedong DECDS téh rada bingung sabab teu maké plang tea. Kapaksa nanyakeun. Sanggeus dituduhkeun mah sup baé ka DECDS. Di luar mah kantor teh siga heuheureuyan, teu serius. Tapi di jerona, weu.....modern alah batan di Bandung. Poe eta, kuring jeung babaturan nampa kuliah ngeunaan Literacy in the 21th Century ti Pa Brian Dare. Inti pakuliahan utamana ngeunaan pentingna literacy (ka-aksaraa-an) dina abad 21. Literacy mibanda tujuan keur ngamekarkeun kamampuh murid dina nafsirkeun jeung nulis teks dibarengan ku akurasi anu bener, yakin sarta faseh. Teks nu dipilih bisa baé kaasup teks media, teks sapopoe jeung teks anu biasana lumangsung di tempat gawé nu nu bisa awalna tina teks anu kompleks jeung asing, ti ngawitan basa sapopoe dumasar kana pangalaman pribadi nepi ka basa nu leuwih abstrak abstrak, leuwih husus jeung teknis, kaasup basa nu digunakeun di sakola atawa studi akademis. Murid diajar ngaadaptasi basa geusan nungkulan pameredih nu kaungel dina tujuan umum jeung tujuan husus, boh konteks anu jembar atawa konteks anu husus. Maranehna diajar ngeunaan sagala cara anu dina emprona pangaweruh jeung pamadegan bisa direpresentasikeun jeung dimekarkeun ngalangkungan teks, jeung ngeunaan kumaha carana anu abstraksi biasa jeung abstraksi kompleks bisa diebrehkeun liwat basa jeung liwat representasi multimodal. Hartina yén konteks citak jeung digital oge diasupkeun ka jerona, sarta aspek-aspek basa saperti ngaregepkeun, nalingakeun, maca, nyarita, nulis jeung nyipta dimekarkeun sacara sistematis jeung konkuren. Sedengkeun pakuliahan anu kadua ditepikeun ku Mang Daryl Carter ngeunaan Mandatory Reporting jeung Responding to Child Abuse and Neglect. Nu kahiji patali jeung kawenangan pikeun ngalaporkeun hal-hal anu katalingakeun nyimpang, utamana kalakuan nyimpang anu tumiba jeung katarima ku barudak boh di imah sorangan atawa di lingkungan masarakat. Boh guru di sakola atawa masarakat anu kungsi nyaksian hal éta dibere kawenangan pikeun ngalaporkeun ka pihak nu boga wewenang pikeun nyanghareupan pasualan-pasualan anu aya. Hal anu kasebut di luhur téh raket patalina jeung masalah abuse and neglect anu kadieunakeun keur jadi béja tren di masarakat Ustrali. Abuse and neglect di emprona tumali jeung kalakuan teu uni anu katarima ku barudak boh di imah, di sakola, atawa di lingkungan masarakat. Conto anu nyata tina abuse and neglect nya éta kakerasan di jero rumah tangga. Kakerasan di jero rumah tangga téh salah sajiji masalah anu diungkab dina isu Abuse and Neglect anu dina istilah sejenna bisa disebut Child maltreatment atawa ‘salah asuh’. Child maltreatment nyoko kana tingkah laku kolot, juru asuh, jeung jalma dewasa sejenna, di luar norma asuh sarta nimbulkeun risiko anu nyababkeun tatu pisik atawa emosional dina diri barudak atawa rumaja. Perilaku kasebut bisa karana dihaja bisa oge henteu dihaja, anu di jerona kaasup tindakan nyulayakeun (neglect) jeung panyiksa (abuse). Munel pisan pakuliahan poe ieu mah. Nanging anu leuwih munel téh katuangan anu sarwa cocog kana letah di sela-sela istirahat. Éta, apan aya goréng gehu, sangu wuduk, jeung kadaharan sejenna anu sarwa Indonesia. Kawasna Ibu Rini anu nyayagikeunana, apal kana letah jeung padaharan pamilon anu teu baé akrab jeung rasa Ustrali. Hal anu moal poho téh ngadon Jumaahan di DECDS. Rohang kuliah disulap jadi tempat Jumahaan. Meja jeung korsi digeser-geserkeun ka sisi. Najan rada heurin, meujeuhna wé keur 17 urang lalaki. Nu jadi muadzin (mun teu lepat) Pa Dachyar, khotibna Pa Yaya. Duanana pamilon anu meujeuhna dipisepuh ku saréréa. Réngsé kuliah nyimpang heula di konter nu ngajual tiket multy, nyaeta tiket anu bisa dipaké keur tutumpakan boh busway, train, atawa trem. Jadi, ka hareupna kuring moal bingung deui meuli karcis ku duit 50 dollar, sarta moal tumpak busway gratis deui, da geus boga tiket. Clak baé tumpak trem. Diuk di tengah nyanghareup ka lebah trem maju. Palebah dieu kuring papanggihan nu kacida ahengna jeung asa moal kapanggih di Indonesia. Diuk teh marengan nyanghareup ka dua rumaja nu keur ocon bobogohan. Ngamangpaatkeun waktu balik meureun, ngadan otel dina jero trem. Najan kahalangan ku duaan pamuda nu narangtung, pamandangan ka nu keur ocon teh jentre pisa. Silih rangkul jeung silih cium, padahal eta trem teh pinuh ku panumpang. Mun seug ieu kajadian ayana di Indonesia, geus jadi bahan omong boa. Duka tah, naha Eto ningalieun atawa henteu. Rék dibejaan téh bisi ituna kagareuwah...! Turun tina trem, hareupeun Adelaide Entertainment Centre Theatre, leumpang sakeudeung, clak kana beus. Nepi ka imah pas jam genep. Troy can datang, tapi kuring jeung Eto miheulaan dinner. Basa Troy nelepon rek buru-buru balik, rek mangmasakkeun keur dinner, ku kuring dijawab dahar teh geus miheulaan da lapar manten. Teu pati lila jebul Troy, ngadenge kuring geus dahar teh manehna bungaheun, da geuning aya boroeun cenah ka luar, balikna engke janari! Atuh mokaha, peuting ieu mah kuring duaan bae di imah jeung Eto. Memeh manehna indit, manehna ngabejaan, yen isukan isuk-isuk bakal aya tukang beberesih asup ka jero imah, ngaberesihan sakur ruangan nu aya. Lian ti eta, manehna ngabejaan yen isukan, Saptu, moal loba beus atawa angkutan umum, sabab di Ustrali mah Saptu teh poe pere. Jalma-jalma bakal leuwih milih cicing di imah, atawa indit-inditan tumpak mobil sorangan batan tumpak kandaraan umum. Nu matak kitu, kuring jeung Eto kudu boga jadwal beus ngarah isukan teu kabeurangan. Mangkaning isukan kudu kumpul di Victoria jam 9 isuk paling elat. Sabagian waktu peuting dipake internetan, facebook. Betah, ngapload poto bari jeung reueus. Kabetah beuki nambahan sabab anu ngoment poto kuring ti lembur tingkurunyung. Aya nu nyebutkeun wilujeng, nu ngaheureuyan, jeung nu teu percaya oge aya. Teu karasa, pulsa 5 dollar beak saharita. Lima dollar tea apan mun diitung ku duit rupia mah sarua jeung : Rp 50.000,-. Catetan Katujuh : 2 Mei 2012 Saptu ieu kuring sarapan mi goreng Indonesia nu nyampak dina lomari Troy. Nu boga imah mah can balik, teuing meuting di mana. Laju ngabujeng stopan beus bari ngalelebah jalan ngarah bisa leuwih babari kapanggihna jeung leuwih deukeut. Enya bae, paingan ceuk troy tadi peuting, beus teh teu loba. Antukna nungguan beus teh lila. Sanggeus aya kana sajamna ngalelentuk nungguan beus, kurunyung aya hiji-hijina beus anu di jerona ukur aya panumpang saurang, kitu ge aki-aki. Ceuk pamikir, boa indit tumpak beus teh ukur tiluan bae. Tapi teu kitu, di sapanjang stopan beus aya nu arasup sababaraha urang. Lolobana geus karolot. Na ari nu ngarora ka marana ari poe Saptu? Kumpul di South Terrace, beh ditueun taman Victoria. Ku Ibu Rini poe ieu rek diajak jalan-jalan ka Wild Life, kebon binatang nu miara Kanguru jeung sato lianna kalawan protektif. Jalan nu disorang ngingetkeun kuring ka jalan arah Majalengka – Ciamis atawa Cadas Pangeran. Ngan di dieu cadasna leuwih tohaga jeung sapanjangna. Malah nu kapanggih teh lolobana tegalan jukut jeung lahan tatanen. Di sababaraha tempat katingal area pangangonan sapi. Sajajalan kumecrek kataji ku kaayaan alam, rupa-rupa tatangkalan, nu daunan atawa nu rontok, bareda jeung tatangkalan nu jadi di Indonesia. Sakur nu kapanggih sakumaha nu kungsi katingal dina gambar, poto, atawa pilem. Klasik. Jeung eta paimahan, cul-cel teh bari jeung unik katingalina. Mun seug jalan-jalan ka Wild Life jeung si bungsu, kawasna leuwih sugema. Hanjakal ngabring teh jeung guru-guru nu geus mareunang umur. Najan kitu, teu matak ngurangan sugema da disampakkeun hal-hal anu salila ieu tacan kasorang. Panggih jeung Koala atawa Kanguru teh apan karek ayeuna, saumur-umur. Memeh asup ka kebon binatang, arasup heula ka hiji warung nu ngajual barang kayaning suvenir jeung kadaharan anu hargana marahal nurutkeun ukuran kuring. Tapi batur mah aya nu meuli barang bari jeung jumlahna rada loba. Bawaeun balik oleh-oleh cenah. Asa lebar, kuring mah teu meuli nanaon. Waktu masih keneh panjang. Sieun duit ledis memeh waktu balik. Di jero kebon binatang ukur ngadon dipoto jeung Koala atawa jeung Kanguru. Sanggeus kitu mah lalampahan teh diteruskeun ka kota leutik Hahndorf. Ieu hiji kota nu diadegkeun kalawan nyokot ngaran Kolonel Karl Heins Hahn, urang Jerman nu bubuara di wewengkon eta. Nepi ka ayeuna eta tempat katelah padumukan urang Jerman atawa turunanana. Pernahna di dataran luhur Adelaide anu hawana tiis alahbatan Lembang Bandung. Cacak tibeurang, ngadon wawasuh jeung wudu ge kuat noroktok. Sabot ngadagoan batur, kuring leuleumpangan sosoranganan ka sisi jalan. Aya aki-aki bari pameunteu someah marahmay ngucapkeun greeting ka sakur anu liwat. Bet asa kataji ku ieu paripolah aki-aki bule. Mana someah-someah teuing, ceuk pikir. Manéhna nyenyekel gambar, ditatawarkeun kanu ngaliwat. Lian ti nu dicekel di handap, kalawan ditata rapih aya sababaraha hiji gambar dipiguraan. Teu jentre gambar nanahaon. Di antara nu ngaliwat aya nu kataji, tuluy eureun. Cacarita sakeudeung jeung si éta aki-aki. Teu pati lila si aki-aki nyodorkeun gambar bari ngajak sasalaman. “Godbless you,” cenah. Tuluy nu dibere gambar téh indit. Lantaran nu dibere gambar téa henteu katingal mayar, kuring nyieun kacindekan yén ieu si aki-aki téh mere gambar ka sakur nu liwat kalawan gratis. Gambarna aralus deuih. Jorojoy kabita. Kuring nyampeurkeun si aki-aki, ngajak sasalaman. “Morning,” cekeng. “Morning. Oh, young man, thank you for coming,” cenah, bari pageuh nyekel leungeun kuring. “Would you like to accept my gift? Here you are.” “Thank you.” Kuring nampanan gambar nu dipiguraan, alus pisan. Kawasna hade lamun dipajang di rohang tamu di imah kuring. Tuluy pamitan. Geus rada anggang gambar téh diilikan. Euleuh, geuning luhureun gambar aya bacaan anu unina ngagungkeun ngaran Yesus. Gusti, geuning si aki-aki tadi téh missionaris Katolik! Keur nanahaon kuring, muslim, miara gambar nu kitu patut? Jadi kalah bingung. Rék ditembongkeun ka batur era. Antukna gambar téh cul baé di gazebo nu diparake balakecrakan dahar beurang. Teuing dibawa ku saha saterusna éta gambar. Réngsé balakecrakan ngarecah sangu nu dibekel ku Ibu Rini, kuring sabatur-batur jalan-jalan mapay torotoar kota Hahndorf. Di sapanjang jalan Kota Hahndorf ngajajar toko nu ngajual barang, dahareun atawa inuman. Di sababaraha tempat nu ngajual kadaharan jeung inuman, disayagikeun tempat dariuk nu jajan. Urang bule mah katingalna teh mani raresepeun, barangdahar jeung ngarinum rupa-rupa inuman, balakecrakan kayaning kadaharan jeung inuman anu tara kasorang ku umat Muslim. Salila nalingakeun kaayaan eta, kuring mah weleh teu ngarti : naon tujuanana kuring jeung sabatur-batur diajak ka tempat nu kitu patut? Asa sugema keneh balakecrakan nyoro sangu jeung pasak daging hayam beunang Ibu Rini, bari sanggeusna solat lohor (dijama jeung asar), tibatan nalingakeun nu keur paresta nyugemakeun beuteung jeung mata! Lalampahan diteruskeun ka tempat nu leuwih luhur. Anjog di hiji tempat nu aya wangunan nu katingalina teu pati rame. Horeng pabrik coklat. Barang sup ka jerona, kaayaanana sarua jeung di mini market di lembur, ngan di jerona khusus coklat. Nu ngajugjugna ge loba, milihan rupa-rupa coklat dina wangun anu beda-beda. Di dieu ge batur mah barangbeuli, bawaeun balik. Malah Eto nu ti kamarina boga niat moal meuli nanaon, di dieu mah gugur paniatan, meuli coklat rada loba. Beus nu ditumpakan ngadius deui muru hiji tempat nu kuring teu apal ngaranna. Tunduh datang nataku. Basa lilir mobil ngarandeg, sarta dina loadspeaker Bu Rini netelakeun yen tempat ieu teh minangka puncakna Adelaide. Kuring teu milu turun, sabab kacipta pitiriseun. Ngadon peureum we dina jero beus, duaan jeung Pa Chaerul anu ti saprak clak kana beus teu beunta-beunta.. Nu pamungkas ngajugjug arca Kolonel Leight. Cenah ieu Kolonel teh anak turunan Jerman anu kawin ka awewe urang Malaysia. Manehna boga jasa ngadegkeun Kota Adelaide. Situs meureun mun di urang mah! Di dinya kuring mah ngadon dipotret jeung supir beus anu awakna nya jangkung nya badag. Digandeng ku manéhna téh awak kuring mani asa leutik pisan. Peuting ieu sarapan jeung sangu deungeunna sate hayam anu porsina gede pisan. Gedé teuing malah. Dicongclo-congclokeun luhureun sangu ku Troy dua sewang, kawas nini kuring baheula ngabagi-bagi deungeun sangu keur incu-incuna. Malah dina piringna sorangan dicongcloan panggang sate sadua-dua. “You must like it!” cenah. “Yes, of course,” cekeng. Sabot kitu, panon Eto mah tibubuncelik ningali sate hayam galede pisan. Hayang béak sapanggang gé hese nepina. Komo bari kudu dua, beu, kalah eungap nu aya. Sabalikna, Troy mah teu seunggaheun teu sing. Seleweg-seleweg sate dihuapkeun. Lian ti éta, dina piring sejen manéhna mah geus sayagi roti garing. Selang-selang tina ngahuap sate jeung sangu, manéhna mah ngahuapkeun roti. Ku teu ongkek téa si éta. Rewog pisan si bule téh. Jadi ras inget tadi beurang urang-urang bule nu ngadon bararangdahar di Hahndorf, katingalina téh porsina galalede pisan. Dasar buta! Lantaran seunggah ngadaharna, sate téh disesakeun sapanggang sewang, tuluy dipiceun ka wadah runtah sabot Troy ka hareup. Peuting ieu mah teu internetan da teu gaduh pulsa. Tadi beurang pesen pulsa ka Ibu Rini, nanging gagal katarima! Isukan mun panggih deui jeung Bu Rini, rék ditagih. Catetan Kadalapan : Minggu, 3 Juni 2012 Isuk ieu mah teu panggih jeung Troy. Ka mana leosna kuring teu nyaho, sabab manehna ngaleos basa kuring jeung Eto masih keneh di jero kamer di luhur. Masak mie rebus nu geus semu hapeuk ku sorangan, dihenggoy ku duaan. Eto mah dicampur sangu sesa kamari. Pikeun nyeubeuhkeun, kuring mah dahar emi teh dibarengan ku ngadahar roti beuleum. Saeutik niru-niru urang Ustrali. Minggu mah euweuh kagiatan. Waktu anu towong téh dipaké jalan-jalan ka Puseur Kota (City Centre). Tumpak Beus B10 teh ngahaja teu eureun di tempat anu biasa. Hayang nyaho. Horeng beus téh langsung ka kota. Eureun di sisi puseur kota. Dasar oon, padahal mah beus teh langsung ka tengah kota. Atuh kudu leumpang heula rada jauh. Nu dituju téh Rundle Mall, hayang ngabuktikeun kaayaanana, sabab salila ieu ukur ngadéngé bejana wungkul. Hawa di kota harita tiisna kabina-bina. Kana sirah ge matak rieut, cara lamun di Indonesia nginum es tiis teuing bari loba, pan kana sirah ge rieut. Mangkaning hayang kahampangan. Atuda neangan WC umum ge di dinya mah harese, teu cara di Indonesia. Untungna manggih di handapeun gedong parkir. Geus kahampangan mah plong weh! Meuli pulsa di toko warga non-Aussie. Kapaksa meuli voucher dan nu ti Ibu Rini can katarima. Eta lebah ngeusikeunana teu ngarti, dicoba sababaraha kali teu asup bae. Menta tulung ka nu boga toko teu daekeun. Menta tulung ka budak ngora keur nangtung sisi jalan teu daekeun. Tungtungna sanggeus dicoba deui bari ngareureuhkeun cape di babangkuan hareupeun toko : pulsa teh asup teu sakara-kara. Bedul teh ku ngarieutkeun. Meuli oleh-oleh di hiji toko bawaeun balik. Kayaning gantungan konci, piring pajangan anu tengahna aya gambar benua Ustrali jeung kanguru. Beak 92,5 dollar. Saheulaanan barangbeuli nu ieu mah henteu dikonversi, bisi karasa rugi. Leuleumpangan di sapanjang Rundle Mall. Kalah tiris beuki nataku. Kalah hayang kahampangan deui. Asup bae ka hiji supermarket. Lain rek barangbeuli, da hargana marahal, ieu mah rek ngadon ka cai, néangan toilet anu perenahna di lante 3. Meujeuhna baé, ari manggih tolet, ari sewur téh...pancuran Maribaya bedah. Haha! Poe ieu mah balik teh beurang keneh. Mana suku geus cape teuing leuleumpangan. Pegel. Duka pedah tiris pisan, da mani kacida nyerina dibawa leumpang teh. Di imah teu nyampak Troy. Ngadon gogoleran, angkanan teh rek sare beurang. Tapi kalah gulinggasahan, inget ka lembur, inget ka sagala rupa. Tungtungna cinutrung hareupeun laptop, facebookan. Ngetik sakeudeung. Nyedek ka magrib karek tunduh. Duaan kasarean nepi ka liwat magrib. Turun ka dapur teh Troy geus euweuh deui, padahal tadi kadenge keur masak di dapur. Dina meja geus sayagi pasakan beunang Troy, pasak kentang jeung daging cincang ala Jerman. Sugan teh moal matak wareg. Ari heg... seubeuh teuing! Peuting ieu mah sare teh rada tibra, sabab sorena memeh sare nginum heula jajamu Bima Perkasa bawa ti lembur. Untung baé jajamu Indonesia henteu kadeteksi waktu di ruang pamariksaan di bandara. Mun seug kapariksa sarta dirampas...boa diarinum ku petugas bandara! Catetan Kasalapan : Senen, 4 Juni 2012 Isuk ieu mah keur dahar beurang teh sasayagian sorangan. Eto mangnyieunkeun roti sele. Itung-itung sarapan kuring mah nyieun roti beuleum. Lumayan ngaganjel beuteung nepi ka beurang engke. Dina kantong geus sadia dua siki mi gelas, tinyuheun engke beurang, da geus pasti moal cukup dahar beurang ukur ku roti dua potong. Indit ka kota tumpak beus B10 deui. Malah supirna oge nu kamari kénéh. Ayeuna mah teu leumpang heula neang trem, da beus B10 langsung ka kota. Puguh bae teu kabeurangan. Saminggu parat karek kapanggih yen beus nu sok ditumpakan teh anjogna ka puseur kota. Hartina ayeuna mah teu kudu leumpang rada loba, cukup sabaraha lengkah neang halteu trem di William King Street, deukeut ka Rundlle Mall. Turun tina trem, karasa angin tiis ngajeletot. Lain panas bae ngajeletot teh, da tiisna nu nataku mah bisa ngaruksak kulit jeung sagala rupa. Geusan ngahaneutan awak, milu “siduru” di kantor OPTUS bari nungguan beus jemputan nu rek mawa rombongan ka Murray High School (MHS) di Murray Bridge. Nu ngadon ‘nyaneut’ téh lain ukur kuring, nu sejen oge sarua. Awéwé lalaki. Di jero rohangan mah haneut meueusan. Bari nyaneut bari panon mah nalingakeun para pagawe Optus lar sup ka jero gedong. Sabot kitu, aya nu asup awéwé geulis maké baju tangtop bari kelekna bolong jeung dadana ngaliglag. Ceuk pikir, euweuh pisan katiris éta jalma...! Bari ngadago beus datang, waktu towong téh dipaké garogonjakan. Beuki dieu kawanoh jeung babaturan beuki ngandelan. Beuki jentre sipat masing-masing. Aya nu serius, aya nu beuki heureuy. Aya nu ukur serengeh-serengeh seuri, aya nu beuki ngomong. Aya nu ngagaya baé, aya nu hayang dipotret baé. Aya nu kabeurangan baé, aya nu sok sasab baé. Rupa-rupa. Sanggeus sajam tumpak beus, anjog di hareupeun Murray High School (MHS). Dipapagkeun ku salah saurang guru kalawan sopan jeung someah. Dihaturanan asup ka hiji rohang guru anu wangunna jeung kaayaanana ngaharib kantin sakola. Wangunan mah teu aneh MHS teh, sarua jeung di Indonesia. Ngan basa asup ka rohangan kelas, weu! Loba nu ahengna. Sanggeus wawanohan jeung kepala Sekolah, dibawa ningalian rohang pendidikan barudak inklusif. Di dieu nu dialajar barudak ‘berkekurangan’ (impairment). Nanging ku lantaran cara ngatikna hade, barudak teh lian ti meunang therapi husus, oge meunang atikan produk, kayaning diajar barangjieun sarupaning karajinan, saperti nyieun kartu pos, kartu undangan, kartu pangwilujeng, diajar nyelup kaen, diajar ngarenda, jeunmg diajar masak. Malah diajar ngurus orok, diajar ngurus kebon, jeung miara sasatoan oge diajarkeun. Saterusna dibawa ningalian kelas indigenous, nya eta kelas husus pikeun masyarakat Aborigin. Di dieu diajarkeun pangajaran umum jeung pangajaran ngeunaan suku Aborigin anu disebut Aborigin Education. Dina tembok kelas loba gambar nu dipajang, boh gambar boh mangrupa teks. Di antarana aya gambar-gambar turunan Aborigin anu sukses jadi ‘jalma’. Antarana nu jadi atlet, jadi seniman, jeung sajabana. Ngabuktikeun yén suku Aborigin anu bibit buitna urang Kaurna téh lamun dibere kasempetan mah bisa sukses mapakan urang Ustrali bule. Dina kasempetan kunjungan kelas, kuring dibawa ka rohang kelas basa Inggris. Tina hasil panalungtikan, kuring boga kacindekan : Rohang kelas teh sayaktina rohang ekspresi karya barudak. Tembok kelas pinuh ku pajangan karya siswa. Rohang kelas diwuwuhan ku alat-alat pembelajaran anu sing sarwa canggih, kayaning komputer, layar komputer badag, infocus, jeung sajabana. Komputer nu aya diwuwuhan ku fasilitas anu lengkep, kayaning internet jeung e-learning. Jumlah siswa di jero kelas ukur 12 urang, anu sawadina murid nu aya bakal karoris. Teu cara di Indonesia, di jero kelas bisa nepi ka 40 urang leuwih. Jumlah murid anu badag teuing bisa ngabalukarkeun hese ngaroris sacara individual kalawan gemet. Fasilitas sejen anu dipimilik ku ieu sakola – anu kabeh sing sarwa canggih – di antarana perpustakaan digital anu fasilitasna lengkep kacida. Rohangan maca anu lalega, rék-rak buku nu ditata rapih, bari buku-bukuna lengkep pisan. Dina kasempetan éta ibu guru (poho deui ngaranna) anu nganteur kuring ngademonstrasikeun jalma anu nginjeum buku teu dicatet di patugas rgistrasi. Sanggeus nyokot buku, manéhna lumpat kaluar. Na atuh, teu pati lila disada sirine. Hartina, sing saha baé barudak atawa jalma anu mawa buku ti perpus bari teu dicatet bakal kanyahoan. Protektif pisan. Salian ti perpus, aya laboratorium (IPA, IPS, Bahasa), ruang pendidikan teknik dasar (nu dilengkepan ku pakakas anu sarwa canggih), ruang kantin, ruang praktek tari jeung drama, jeung sajabana. Anu aheng téh, utamana keur kuring anu kataji ku pangajaran seni budaya, di ieu sakola disayagikeun fasilitas geusan ngadukung pangajaran seni budaya anu lengkep. Antarana baé aya gedong teater, anu bisa dpkae pertunjukan teater jeung kasenian sejenna. Asa jajauheun di sakola sorangan, di Indonesia, bisa ngadegkeun gedong teater anu lengkeop jeung peredam sora, dalah keur ukuran tingkat kabupaten baé oge Pamarentah teu kuateun ngadegkeun. Ukur SMK 10 Bandung jeung STSI Bandung nu boga rohangan teater sarupa kitu. Mana komo lamun ningali pakakas pendidikan teknik dasar (PTD), mesin-mesin nu dipaké praktek ku barudak téh mapakan bengkel gedé nu aya Indonesia. Leuwih malah. Kayaning mesin bubut, mesin ragaji, alat kikir, jeung sajabana. Pikiran ujug-ujug malaweung. Naha kuring atawa babaturan nu datang ka ieu tempat bakal bisa mere informasi ka nu di lembur utama ka pihak nu boga wewenang geusan nyayagikeun pakakas anu saru jeung di dieu? Naha bisa sakola kuring ngalaksanakeun hal anu sarupa ku infrastruktur anu saayana jeung jauh keneh kana canggih? Teu karasa, waktu geus nyerelek ka lebah solat lohor. Pihak MHS nyayagikeun tempat keur sarolat di rohangan lab elektro di tukang. Harita hujan jeung angin rada gedé meueusan bari jeung kacida tirisna. Réngsé solat, dahar beurang bareng di rohangan kelas anu meja-mejana dihijikeun, nguriling sariungan-sariungan. Maruka timbel bekel ti homestayna sewang-sewangan. Kuring jeung Eto nu dibekel téh mi-gelas. Ditinyuh maké cipanas. Dihenggoy baé, teu ngagehan batur nu patingcuringhak kabaritaeun. Kuma teu rék kabita, da maranehna mah marekel roti eusi nu (kaciptana) teu ngeunah dihuapkeunana. Memeh mulang, ngabandungan heula penjelasan ti Kepala Sekolah MHS. Utamana ngeunaan informasi kaayaan sakola. Dina ahir biantarana, Kepala MHS maparin oleh-oleh sakantong sewang. Eusina buku-buku, brosur, boneka kanguru jeung pulpen sapak sewang anu dina awak pulpenna ditulisan Murray High School. Peuting ieu masih keneh panggih jeung Troy. Malah basa datang kasampak keur ngobrol jeung popotonganana, indungna Ella. Kawasna badami, Troy rék nitipkeun Ella sabab lima poe rek ditinggalkeun. Dina kertas schedule kabaca yen manehna balikna teh poe minggu atawa senen hareup. Sanggeus urut pamajikanana balik jeung Ella, manehna papatah ka kuring jeung Eto, yen dina lomari loba dahareun, rek masak, masak bae sorangan cenah. Di imah aya Matt cenah nu maturan, sarena sarua di luhur, di kamar nu hijina. Cenah Troy rek indit jauh ka Brisbane, aya urusan penting jeung kulawargana di ditu. Ka Matt oge harita ditepangkeun, ngan teu loba ngobrol, ukur say hello. Ka Troy kuring nanyakeun, ka mana jeung kudu tumpak naon sangkan bisa nepi ka Le Fevre High School nu perenahna di Semaphore Rd. Troy mukaan Travel Plan dina internet. Meunang pituduh, yen kuring kudu tumpak beus di jalur Military Rd, turun di terminal hareupeun supermarket. Di éta terminal aya sababaraha zona jalur tujuan. Di zona B bakal aya beus 157 nu terus ka Semaphore Rd. Kuring ngarti, jeung yakin isukan moal kabeurangan, malah bakal satang pangisukna sabab dina internet kabaca yen jarak ti 51A Beach St ka Semaphore Rd ukur 8,6 km. Deukeut! Memeh magrib tadi sempet nelepon heula ka Lia nu keur aya di Bandung, babakuna ngingetan sangkan nu lembur, enya barudak nu rek manggung di Haji Oyo diroris persiapanana. Peutingna ngecek ka si Eca sangkan si Wali datangna isuk-isuk. Eca nyarita yen cenah keur aya di pameran di Majalengka, rek pentas jaipongan. Ah, nepi ka teu inget yen di Majalengka mah keur rame milangkala Hari Jadi Majaléngka nu ka-522. Pangangguran mukaan facebook dina internet. Resep we ngobrol jeung urang lembur liwat facebook. Teu karasa pulsa nyorolok. Dipake nelepon jeung internetan pulsa nu sapuluh dollar teh tinggal 6 dollar. Bae, nu penting sugema, nyikangkeun kateubetah nu nataku liwat saking. Catetan Kasapuluh : Salasa, 5 Juni 2012 Ngulisik teh ti memeh jam 5, biasa gulinggasahan. Lamun geus lilir sok hese sare deui. Komo dibarengan ku musik Sunda mah, pikiran teh kalah ngalayang ka mana-mana, pitunduheun jararauh. Liwat jam lima, di handap kapireng nu ngarobrol, kawasna Troy jeung Matt. Troy meureun rek miang ka Brisbane tea. Jam 6.30 turun, nyieun sarapan jeung bawaeun bekel dahar beurang. Laju ngajugjug ka stopan beus sakumaha panuduhan Troy. Leumpang duaan nuju ka beulah kidul, mapay jalan Beach St ngaliwatan Jetty St. Néangan stopan beus. Sugan téh rék kapanggih langsung. Henteu. Kalah anjog di basisir laut. Beu, geuning aya laut? Dasar nu kurung batok, sanggeus saminggu di Grange, karék engeuh yén di dinya aya laut. Mana deukeut ka imah Troy. Lamun memehna nyaho, boa ti bah ditu kénéh ulin ka laut. Sanggeus dipapay diteangan, stopan beus kapanggih di jalan Military Rd. Horeng, stopan beus Grange téh teu jauh ti stasion beus. Deukeut pisan. Ieu oge papanggihan anyar, yén di Grange aya stasion transin train. Paingan basa balik ngurilingan mapay-mapay tapak Indigenous harita Evih ngajak tumpak train. Ngan harita kuring teu percaya yén lamun tumpak kareta api bakal anjog di Grange. Harita kuring jeung Eto leuwih milih tumpak busway batan tumpak train, anu sabenerna leuwih loba leumpangna. Nu matak lamun ngobrol jeung babaturan, kuring mah keukeuh yén kuring jeung Eto ditempatkeun di homestay nu pangjauhna. Buktina ngan leumpang jeung leumpang baé. Enya, apan harita mah can apal jalan téa...! Dina papan stopan bisa dibaca nomer beus jeung jalan nu baris diliwatan, Military Rd langsung ka Smaphore. Tapi naha euweuh nomer beus nu dituduhkeun ku Troy, nya eta beus B21. Aya oge beus B30. Kapaksa naek B30, nepi ka supermall. Ti dinya naek 157 di Zona B saperti nu disarankeun ku Troy, angkanan bakal nepi ka nu dituduhkeun. Kalah nyalahan deui baé. Beus téh majuna henteu nuju ka tempat nu rék dijugjug, lain ka Smaphore. Beus ngadius teu eureun-eureun, teu naekkeun atawa nurunkeun penumpang di unggal stopan. Sababaraha stopan diliwat kitu baé ku ieu beus B30. Kuring jeung Eto ukur molohok, bari ngareka-reka di mana ieu beus eureunna, naha di Smaphore atawa di mana? Sajeroning tumpak beus téh panon mah nempo baé ka luar. Beuki dieu beuki atra, nu kaliwatan téh tempat-tempat anu samemehna kungsi kaliwatan. Ih, geuning asup ka kota, ngaliwatan William King, sup ka North Terrace. Hareupeun Art Galery beus eureun. Tadina mah moal turun, ngan supir nyarita : “It’s the bus end way. Sir!” Bari era kuring jeung Eto turun. Bingung kudu ka mana nya leos. Ras inget ka Railway Station, “Urang tumpak train we.” Ceuk kuring. Eto unggeuk bari jeung semu nu bingung pisan. Memeh ka tempat karcis, mengkol heula ka toilet. Aya ku adeuh, Eto mah ngadon miceun heula, bari jeung lila. Aya-aya we sasalad pitelateun teh. Lantaran bingung kudu asup ka train anu mana, kuring nanyakeun ka patugas peron. Dituduhkeun yen kuring kudu nanyakeun ka petugas di bagian informasi ngarah jawabanana bisa neangan na komputer. Di bagian informasi kuring jeung Eto meunang katerangan, cenah naek baé kareta api di flatform 7 anu arah ka Outer Harbor, engke turun di Ethelton. Di bangku flatform 7 kuring jeung Eto nungguan kareta datang. Sanggeus rada lila nungguan, train ngurunyung ti arah Outer Harbor. Bari dipandu ku kertas panduan nu dibere ku petugas informasi, kuring tumpak train. Anjog di Ethelton. Saterusna leumpang bari jeung teu nyaho arah. Untung aya tukang pos keur nganteur-nganteurkeun surat. Ditanyakeun we ka tukang pos nu kabeneran ngaliwat ka hareupeun. Ku tukang pos dituduhkeun di mana LFHS. Sanggeus leumpang rada jauh LFHS teh kapanggih. Barang sup ka sakola, ti lebah ditu katingal Evih jeung Rina keur leumpang jeung salah saurang guru awéwé bule pangawakan jangkung ageung. Barang breh ningal kuring jeung Eto, manéhna ningali jam bari gigideug, pok nyarita. “You come late. Kamu terlambat,” cenah, ditungtungan maké basa Indonesia. “Sorry, wé lost,” cekeng. “Tidak apa-apa. Tapi kamu terlambat acara opening tadi,” ceuk ieu ibu guru jangkung ageung téh. “Sarah,” si ibu guru bule ngasongkeun leungeun. “Eto,” ceuk Eto bari nampanan sasalaman. “Ikin,” ceuk kuring. Kuring jeung Eto langsung nuturkeun Ibu Sarah ningalian kelas. “Pa Ikin, mengajar apa?” tanya Bu Sarah. “Kesenian,” cekeng sakeunana. “Oh, kebetulan. Saya juga mengajar kesenian. Mau lihat kelas saya?” “Boleh.” Leumpang Ibu Sarah teuing ku gancang. Pika asa lulumpatan nuturkeun teh. Sadoglag-sadoglag. Saperti kalolobaanana urang Ustrali, leumpang téh euweuh nu halon. Sajeroning leumpang Ibu Sarah loba cacarita, yén cenah LFHS teh sakola miskin. Barudak anu daratang sakola ka dieu lain barudak jeleman jegud. Nanging sanajan disebut sakola miskin, fasilitas anu dipibogana alahbatan sakola beunghar nu aya di Indonesia. Aya hal anu unik di ieu sakola, nya eta mata pelajaran wajib Bahasa Indonesia. Salaku urang Indonesia, kuring ngarasa reueus. Geuning aya sakola deungeun anu nerapkeun pangajan wajibna Bahasa Indonesia. Apan kamari mah di Murray High School mata pangajaran bahasa asing nu kudu diulik teh Basa Jerman jeung Basa Cina. Di LFHS Bahasa Indonesia diasupkeun jadi pangajaran wajib ti kelas 7 nepi ka kelas 10. Basa diajak observasi di kelas Bahasa Indonesia, aya hal-hal anu matak lucu. Ibu Emily nu ngajarna, basa Indonesiana ge teu lancar-lancar acan. Nanging abong urang dinya, profesionlisme teh diterapkeun kacida, ngajar teh katara daria pisan. Di kelas dipajang simbol-simbol basa Indonesia, malah gambar-gambar anu ngiberkeun budaya Indonesia loba ditapelkeun di sabudeureun tembok kelas anu ditata alus pisan. Di antarana gambar wayang, kaen batik, peta Indonesia, potret barudak sakola SD Indonesia, jeung sajabana. Di bagian hareup kelas Ibu Emily, kuring maca tulisan ngajeblag dina papan display unina : AKU CINTA INDONESIA! Kayungyun! Poe ieu balik téh rada linglung. Eto ngajak eureun di Woodville, tapi kuring kalah turun memeh Woodville. Tungtungna kudu leumpang heula néangan beus B10. Najan kitu pangalaman nganjang ka LFHS leuwih loba neundeun kesan hade batan pangalaman salah turun kareta. Sanggeus dahar peuting, Matt mere beja yen kabogohna rek datang. Tapi kuring jeung Eto teu nepungan, sabab pamikir euweuh kapentinganana kudu nepungan kabogohna. Teuing naon nu dipigawe ku maranehna peuting ieu, sabab patingcikikikna kadenge nepi ka tengah peuting. Catetan Kasabelas : Rebo, 6 Juni 2012 Jeung Eto isuk ieu indit ka Semaphore Rd teh ngadon ka tengah kota heula. Meuli tiket dua siki, da nu Eto geus beak. Keur persiapan, kuring oge milu nebeng meuli make duit Eto sawareh. Ketang lain make duit Eto, da duit kuring jeung tiket kuring oge dipake ku Eto. Dianggap lunas we. Train ka Outer Harbor mangkatna jam 9.02. Kabeurangan deui bae. Keun bae ketang, moal dihukum ieuh. Pilakadar datang rada era. Ngan Eto semu nu nyasalah ka kuring, yen cenah nu matak sasab teh kuring. Padahal manehna ge andil gede keur nyasabna duaan, sabab manehna mah teu bisa pisan ngomong basa Inggris. Di stasion train sempet nyaksian nu parasea. Kulitna harideung. Sakulawarga jigana mah. Teuing naon sababna, teu ngarti! Basa sup ka train, kuring mah asa risi ku budak awewe lintuh bule, kukulutus teu eureun-eureun. Naon nu diucapkeunanana, weleh kuring teu ngarti. Kawasna mah manehna muru ka hiji tujuan ngan kabeurangan. Mun tea arek, kuring kudu kukulutus cara manehna, da sarua kabeurangan. Nepi ka Le Fevre jam satengah sapuluh, da leumpang ti Ethelton ka sakola lumayan rada jauh. Diajak asup ka rohangan Bu Kylie nu keur ngajar Basa Indonesia. Ngajarna sumanget pisan Bu Kylie teh, hanjakal barudak di kelas teu pisan nembongkeun tartib. Nu ngobrol, nu ngadengekeun musik, nu ngorek HP, jeung sajabana. Sababaraha kali Bu Kylie ngageuingkeun sangkan ulah gandeng. Istirahat teh ukur nginum cai panas herang, da hawa di Semaphore kacida tiisna. Ibu Sarah ngabejaan yen sanggeus ieu rek aya diskusi. Bisi aya tanyakeunan bisa ditanyakeun ka manehna. Lebah acara diskusi, Ibu Sarah ngajawab kabeh pananya ti genep urang : Rina, Aris, Evih, Eto, Mira, jeung kuring. Salila diskusi, Ibu sarah make bahasa Indonesia anu tipaparantog. Sakapeung ngahuleng heula neangan kecap nu merenah. Sakapeung dicampur make basa Inggris. Nu teu bisa dijawab ku manehna dicatet pikeun dituluykeun dina kasempetan nu rek datang. Sabot ngobrol, hawa mah kacida tirisna. Ibu sarah masang heater sangkan rohangan jadi haneut. Tibang meueusan. Awak mah angger baé kabulusan. Balikna ayeuna mah turun di Woodville. Pindah train nu ka Grange. Beu, horeng pangeureunan train di Grange teh deukeut ka imah Troy. Na atuh Troy ngabejaan yen kuring ulah milih train harita? Lila cenah....! Padahal sakitu terehna. Memeh balik, ngadon leuleumpangan di basisir laut Grange deukeut cafe Jetty. Piligenti dipotret jeung Eto. Narsis abis, ceuk Eto mah. Lantaran di homestay euweuh bahan keur dahar peuting, kuring nyangu heula. Sesa beas diburulukeun kabeh kana rice-cooker. Ngeunah. Seubeuh malah. Hanjakal pingping jeung suku kuring arateul beuki nemen. Hariwang, boa lebah balik tinggal budugna! Amit-amit! Catetan Kadua Belas : Kemis, 7 Juni 2012 Ngulisik isuk, ningal jam geus jam 6.05. Subuh kabeurangan. Mandi bari ngahaneutan ateul, ngan enggeusna mani tiris liwat saking. Eto mah sare keneh. Teu digeuingkeun da semu nu keur ngeunah pisan, kerek patembalan jeung hitut. Ngahaneutkeun sangu bawaeun ka Puseur Kota Adelaide, sabab poe ieu mah acara teh di DECDS nu perenahna di Puseur Kota. Ngagodog endog dua siki, ngagoreng lauk hayam weh. Keur sarapan mah meuleum roti dua siki sewang, dimantegaan jeung diselean. Lumayan ngabanjel beuteung nepi ka sore engke. Mangkat kana beus B10 nu mawa langsung ka kota. Isuk keneh ge geus nepi ka kota. Ka DECDS teh teu hese ngajugjugna ayeuna mah. Geus apal. Jeung Adelaide kuring geus wawuh! Pa Chris Rebbeck nu mere ceramah datang rada beurang, hese neangan taksi cenah. Pangawakanana jangkung, geus meunang umur. Ongkoh can sehat pisan, ceuk Ibu Rini mah balik ti rumah sakit. Ceramah kahiji lumangsung ngeunaan Trans Diciplinary Learning. Pikaboseneun, sabab kekecapanana leuwih loba teu kaharti. Kawasna, ukur Argin jeung Ivan anu ngarti, da geuning maranehna mah bisa nanya jeung bisa ngajawab sagala. Transdisciplinary learning téh nyaeta eksplorasi issue atawa masalah anu relevan anu patali jeung perspektif multidisiplin dina raraga ngulik pangaweruh anyar sarta neuleuman pamahaman kana pangalaman hirup nyata. Dina emprona, transdiciplinary learning ngagabungkeun program pangajaran Internasional anu ngawengku widang-widang boh akademik atawa non akademik. Program International Baccalaureate (IB) pikeun Sekolah Menengah (MYP) dihusukeun keur Kelas 8 nepi ka kelas 12, mokus kana tarekah mekarkeun sakabeh murid di jero kelas tur oge dunia di luar kelas. Program ieu nawarkeun rarancang gawé anu nyumponan bisa pangabutuh barudak barudak, saperti akademik, sosial, fisik, emosional jeung budaya. IB MYP nyaeta program atikan internasional anu dirarancang geusan ngarojong siswa ngamekarkeun pangaweruh, pamahaman, sikep jeung kaparigelan anu diperelukeun geusan ilubiung sacara aktif jeung mibanda tanggung jawab kana sagala parobahan dunya. MYP ngagunakeun pendekatan atikan holistik di tengah dunya modern, pikeun nyiapkan siswa sangkan ngapimilik kaparigelan teoretis jeung praktis dina raraga nungkulan panangtang mangsa hareup. Dina prak-prakanana, kurikulum MYP nawarkeun kasempetan ka murid geusan ancrub dina delapan disiplin elmu inti saperti kasebut ieu di handap : Language A: Language of instruction (English) Language B: French/Indonesian Humanities History and Geography Sciences: Biology, Chemistry and Physics Mathematics Arts: Visual Arts and Performing Arts Physical Education Technology Ceramah saterusna sanggeus istirahat disanggakeun ku Ibu Susan Baucher. Pangawakanana lintuh bayuhyuh bari beuheungna kawas beuheung sapi. Ana ditingal-tingal mah Ibu Susan ceuk kuring masa mani sengkek, ageung teuing beuheung. Jeung anjeunna, poe ieu téh minangka tepung nu kadua sanggeus tiheula tepung di EDC. Nu didugikeunana nyaeta perkara Leadership and Management, sarta Proffesionalism : Learning Quality Teaching. Loba heureuy, nepi ka Ibu Susan ge kabawakeun milu heureuy. Lumayan, ngaleungitkeun tunduh. Inti tina ceramah Ibu Susan ngeunaan kapamingpinan kapala sakola jeung manajemen sakola. Eusina mah ngeunaan kumaha kuduna kapa sakola mingpin sakola maké manajemen anu hade. Sacara umum teu aya nu anéh, jeung teu beda jeung anu salila ieu dilakonan di Indonesia. Balik teh jam lima. Jeung Eto pagancang-gancang muru railway. Sup ka flatform 7 nu bakal mawa kuring ka Woodville. Tapi basa kareta miang, kuring boga sangkaan bakal sasab, sabab jalan nu diliwatan teh geuning suasanana anyar. Karek manggih. Euleuh! Enya bae salah milih kareta. Ieu mah kareta ekspress nu ka Salisburry atawa ka Gawson. Ku sabab sieun sasab jauh teuing, kuring jeung Eto eureun di stasiun Mawson Park, tuluy balik deui tumpak kareta nu ka kota Adelaide. Asa rek tereh teh jadi lila, sabab kudu nungguan heula kareta nu ka Woodville. Jam 18.10 kareta datang. Tumpak train teh nepi ka Woodville, ti dinya ganti kareta nu ka Grange. Dina schedule kabaca yén kareta nu Grange datangna jam 18.40. Jadi kudu nungguan 30 menit. Jam sakitu téh mani geus asa tengah peuting. Penjaga stasion geus mulang ti tadi kénéh tumpak sepedah. Aya budak ngora opatan, ngulampreng. Tumpa-tempo, tapi kalah arindit deui, teuing ka mana. Mana beuki peuting hawa beuki nyecep. Jam 18.40 menit, jebul kareta nu ka Grange ti arah Adelaide. Nyaho kitu mah tumpak kareta ka Grange téh sakalian wé ti railway station kota tadi. Ah, poe ieu salah tingkah pisan! Dahar peuting masak mi rebus make endog. Nu kitu da bisana. Rék masak nu sejen téh teu apal bungbuna. Teu burung wareg. Sare ge peuting ieu tibra pisan. Duka pedah tas cape sasab meureun! Cape hate! Catetan Katilu Belas : Jumaah, 8 Juni 2012 Teuing jam sabaraha basa kapireng alarm tina HP Eto. Apan Eto ayeuna mah bareng sakamer, da di handap mah tiris cenah. Asa teu hayang beunta. Ongkoh peuting ieu tirisna kabina-bina. Heater teh kapeutingnakeun mah sok dipareuman ku Matt, da manehna mah hareudangeun meureun lamun make heater teh. Sabalikna kuring jeung Eto, kudu bae make heater, lamun henteu, kabulusan! Ngulisik muka jam tina HP, jam 6.22. Kapaksa hudang. Kahiji, can subuh, kaduana kudu miang isuk keneh. Mangkaning kudu nyadiakeun sarapan jeung bekel bawaeun. Hanjakal isuk ieu mah pasakeun euweuh. Beas beak, roti kari saeutik. Roti sesa teh dibeuleum dapake sarapan, saeutik ewang jeung Eto. Ka Le Fevre mah ukur mawa mie gelas 2 siki. Nepi ka Le Fevre pas bel disada. Kuring nuturkeun Eto neangan kelas Olah Raga, Rina jeung Evih mah ka kelas Kesenian. Teu kapaluruh, Mira jeung Aris leos ka kelas mana. Lantaran kelas Olah Raga teu timu, kuring jeung Eto ngadon moyan bari nempoan lapangan olah raga. Kuring jeung Eto bati kumecrek ningali fasilitas olah raga nu aya. Mana lengkep jeung kapiara hade. Lapang tenis, lapang kriket, lapang rugby, jeung sarana ulin barudak. Moyan gé tibang karasa haneut wungkul, teu ieuh matak kaluar kesang. Padah harita geus nincak jam 10 beurang. Ongkoh kumaha rék karasa hareudang, aing laut ti arah Port Adelaide sakieu santerna. Sanggeus sababaraha lila moyan kuring jeung Eto nyampeurkeun nu keur diajar batminton di Ruang Gymnastic. Ningali sareatna, kawasna olah raga batminton teh teu dipikaresep ku barudak di LFHS, da geuning barudak nu geus kelas luhur teh cara nepakna bae oge garoreng jeung harib-harib kana teu bisa. Nanging éta, lapang keur latihan batminton, najan lain olah raga favorit di Ustrali, saaula téh aya kana lima lapangna. Kawasna memang aula téh dirancang serbaguna. Sawaktu-waktu lapang batminton anu lima téh bisa barobah fungsi jadi lapang vollyball, atawa lapang basket. Di rohangan gudang, disimpen alat-alat olah raga anu tangtu lengkep pisan. Eto mah da guru olah raga, pastina kabitaeun pisan ningali sarana jeung prasarana oleh raga di LFHS sakitu lengkepna. Rengse istirahat, kuring asup ka kelas Ibu Emily nu rek mere ulangan Bahasa Indonesia. Tapi ku lantaran bosen, kuring permisi kaluar. Ongkoh teu kuat ku tiris – poe ieu mah hawa teh handapeun 50C. Tirisna kabina-bina, nepi ka dampal leungeun teh asa baraal. Asup ka ruang staff, lumayan rada haneut sabab masang heater. Ngadon nyaneut di dinya wé sosoranganan, bari ngadagoan sesi kelas saterusna. Kira jam 12.00, Ibu Kylie ngajakan nguriling ningalian rohangan, anu sabenerna sababaraha rohangan kungsi diwanohkeun ku Ibu Sarah. Nanging ningali murid kelas khusus mah memang karek ayeuna. Di dieu kumpul barudak disabilities anu dididik rupa-rupa kaprigelan, kayaning barangjieun barang-barang kaperluan rumah tangga jeung karajinan, saperti bufet, meja, korsi, jeung sajabana. Aya ku aralus beubeunanganana. Ana breh ningal pakakasna, lengkep jeung caranggih. Diwuwuh ku guru pembimbingna anu enya-enya kompeten. Lian ti ngapimilik elmu teori, oge ngabogaan elmu praktek anu munel. Numawi dina ngalarapkeun elmuna ka murid téh katingal mucekil hasilna. Réngsé nalingakeun barudak disabilities barangjieun di rohang PTD, kuring diajak asup ka rohangan tata boga. Memeh asup, dina luhureun panto di hareup ngajeblag tulisan maké basa Inggris “Economic Room’ tuluy di handapeunana aya tulisan maké basa Indonesia : ‘Ruang Tata Boga’. Malah lain baé di kelas aya tulisan sarupa kitu, di kelas-kelas sejen oge aya tlisan pengenal nu sarupa. Tulisan basa Inggris téh dituturkeun ku tulisan basa Indonesia handapeunana. Ngébréhkeun yén di LFHS basa Indonesia enya-enya dilarapkan dina sagala rupa hal. Di rohang tata boga pasanggrok jeung barudak anu keur husu, diajar masak rupa-rupa kadaharan. Utamana kadaharan Ustrali. Ti Ibu Kylie meunang katerangan, yén boh nu keur diajar patukangan atawa nu keur diajar masak téh minangka sabagian tina mata pangajaran anu kawengku dina VET (Vocational Education and Training). Anu jadi matak aheng téh, éta rohangan kelas, boh rohang PTD atawa rohang Tata Boga, meuni lalega. Kawasna sababaraha kelas dirombak dihijikeun. Teu maké dingding pamisah. Barudak anu geus réngsé masak bisa ngidangkeun pasakan beunangna dina meja di rohang anu lega. Ibu atawa Bapa Guru mere komentar ngeunaan hasil pasakanana bari diriung ku barudak anu di sakurilingna disayagikeun tempat diuk ngabentuk tempat diskusi. Lantaran poe ieu poe Jumaah, kuring balaka ka Ibu Sarah, yén kuring jeung Eto kudu néangan masjid, rék Jumaahan. Ku Ibu Sarah diijinan balik tiheula, malah ibu-ibu anu moal Jumaahan oge diijinan balik bareng. Harita opatan ngabring balik, jeung Evih jeung Rina. Mira jeung Aris mah duka ka marana leosna. Balik téh leumpang muru halteu train Ethelton bari teu eureun hareureuy. Sajeroning leumpang, bari reueus cacarita, yén di Grange aya laut, deukeut pisan ka imah, pamandanganana hade. Evih jeung Rina kabitaeun, harita kénéh sapuk rék ulin heula jalan-jalan ka basisir di Grange. (Jumaahan mah teu dilakonan harita téh, da bujeng-bujeng manggih masjid, jeungna piraku Jumaahan ukur duaan). Kira tabuh satu, ngadon jalan-jalan ka pantai jeung Evih jeung Rina. Tapi teu lila, da bosen manten. Dipotret sababaraha kali. Antukna karesep ninggang di bosen. Evih jeung Rina amitan balik. Kuring jeung Eto oge balik. Memeh jam 4 teh geus nepi ka imah. Ngemi deui we... Tapi kuring pesen roti, beas jeung endog ka Matt nu rek kencan jeung kabogohna. Sugan we teu pohoeun! Catetan Kaopat Belas : Saptu, 9 Juni 2012 Sarapan isuk teh ukur ngahaneutkeun emi urut peuting. Nu nguprekna Eto. Keun sakali-kalieeun. Emi teh diawuran sukri jeung kiripik oncom. Ngeunah, da euweuh deui alternatif dahareun. Iwal eta sarupa. Poe ieu mah teu manggih roti. Stokna béak. Kaluar ti imah nyecep tiis pisan. Di sisi jalan ciibun nu ngagarendang dina daun jukut warnana semu barodas. Horeng beku sawareh. Frozen. Lamun tea leuwih ekstrim deui meureun bakal timbul salju enyaan. Teu ku hanteu leungiteun kaos tangan sabeulah, teuing di mana. Jadi make kaos tangan paranti tumpak motor. Teu bisa nulungan da tungtung leungeun kalah asa baal. Lain bai leungeun nu karasa baal teh, malah tungtung ceuli asa rek ngabeku. Untung jaket teh aya tiungan. Sanggeus ditiungkeun mah rada nyaman saeutik. Beus B10 nu mawa ka kota rada nulungan hahaneut. Ngan edas basa turun tina beus tiris teh balik deui. Di North Terrace pindah kana trem nepi ka Victoria Square. Turun tina trem teh henteu muru nu iuh, caricing bae di nu panas. Lumayan ngahaneutan awak. Numutkeun schedule, poe ieu rék jalan-jalan ka Victor Harbor. Sanggeus sababaraha menit nungguan, sarta saréréa geus karumpul, beus nu rék mawa ka Victor Harbor ngurunyung. Ibu Rini geus saged jeung bebekelan nanaon, recokeun engke beurang sedek padaharan karasa lapar. Tumpak beus ka Victor Harbor bari ngadaregdeg awahing ku tiris. Ngadius di jalan anu kuring teu nyaho ngaranna, ngaliwatan sababaraha suburb jeung pakebonan anggur. Ti dinya beus mengkol heula di pabrik anggur ‘Wirra-wirra’. Hiji pabrik anggur anu ditata apik tur klasik. Di hareupeunana ngadeg tugu botol anggur nya gedé nya jangkung. Di bagian sejenna aya munara kayu anu di handapna aya wadah mangrupa loyang kayu. Adek ka panto asup aya lonceng ngabentuk munara luhur pisan anu ka handapna aya tambang ngarumbay sasiki. Lamun éta tambang dibatek kuat, lonceng anu ngagantung di luhur munara bakal disada. Teu ditanyakeun naon fungsina aya lonceng di pabrik anggur. Asup ka jero rohangan anu di jerona aya botol-botol kayu wadah anggur dientep dina rak di sakuriling rohangan. Di sabaraha tempat aya meja jeung korsi diriungkeun, nyayagian tempat keur nu hayang ngarinum anggur di dinya. Jadi ras inget ka pilem koboy, sok aya rohangan sarupa kieu. Nu boga pabrik sibuk ngabageakeun bari teu eureun-eureun cacarita ngeunaan éta pabrik. Ti awit iraha diadegkeunana, jenis anggur anu diproduksi, sabaraha galon anu dihasilkeun, kandungan alkohol, jeung sajabana. Nu resep dipotret mah teu eureun-eureun nyarieun gambar diri, bawaeun balik geusan caritakeuneun di lembur. Ti rohangan produksi jeung storage dibawa ka rohangan resepsionis. Di dinya kuring sabatur-batur dipaparin kasempetan ngasaan anggur sacara gratis. Sababaraha urang ngasaan nguyup anggur, malah aya nu sagelas ku sababaraha urang. Kuring oge milu ngasaan. Ngan barang cianggur nepi kana letah, nu karasa téh lain ngeunah. Palal! Ih, asa teu hayang deui ngasaan. Tapi teu kitu ari nu hayang jeung ‘osok’ mah meureun. Di antarana Eto, lian ti ngasaan téh manéhna mah meuli sabotol. Poho deui sabaraha regana. Teu lebareun, mana nambahan beurat kantong engke lamun balik. Acan oleh-oleh sejen anu can kabeuli. Ti pabrik anggur, beus ngadius ka basisir batu, dipoto palebay-lebay, panarsis-narsis. Poho deui ngaran ieu basisir téh. Tarurun ka handap ngaliwatan jalan taraje. Turun unggah téh henteu sieun, dan tarajena ditembok tur tohaga pisan. Nanging lamun nilik kana kaayaanana, bet teu beda ti batu-batu nu aya di walungan Ciputri, di Rajagaluh, Majaléngka. Cek pikir, nu kieu patut mah di Indonesia leuwih éndah jeung leuwih loba. Tujuan pamungkas téh Victor Harbor. Tempat wisata nu endah pisan sarta ditata kalawan hade. Loba turis boh asing boh domestik daratang ka ieu tempat, ngadon balakecarakan, sukan-sukan. Aya nu jalan-jalan, aya nu tumpak kalde, aya oge nu ukur dariuk mulangkeun panineungan. Manuk-manuk camar patinggeleber nyamberan dahareun anu diawurkeun ku manusa. Warnana aya nu bodas aya nu semu hawuk. Hanjakal di tempat sakieu endahna téh euweuh masjid atawa mushola. Abong di nagri non-muslim. Solat lohor téh milihan tempat di gazebo kosong anu ngajajar pipir laut. Éta oge milihan tempat nu rada beresih, da meh di manana cukul tai manuk camar. Ngalakonan solat téh bari jejeregeh geuleuh ku tai manuk. Dalah dikumaha, teu aya deui tempat nu merenah iwal di dinya. Ieu tempat téh sabenerna disayagikeun keur saha baé anu hayang ngasakkeun atawa ngahaneutkeun kadaharan. Disayagikeun wadah panggorengan jeung komporna. Nu rék meuleum lauk oge bisa. Lamun geus asak, didahar balakecrakan. Tempatna bisa di mana baé, bisa handapeun sasaungan atawa dina tunggul-tunggul tangkal pipir laut bari ngaheulreuyan manuk-manuk camar anu katingal lapar baé. Unggal diawurkeun dahareun, petinggeleber nyamberan. Harita nu diasakkeun téh sosis jeung daging hayam. Didadarkeun baé dina kawali demprak anu samemehna diawuran minyak goréng jeung mantega. Ku lantaran jumlah asakeuneunana loba, nu dipaké téh dua kawali nu aya di dua gazebo. Meakkeun batur. Nepi ka aya nu rék ngadon ngasakkeun di dinya, antarana urang India jeung saurang bule, kudu ngadagoan heula nepi ka nu diasakkeun ku ibu-ibu rombongan Adelaide 4 Jawa Barat réngsé. Réngsé ngahenggoy dahar beurang, saréréa ngabring meuntas muru ka pabukitan di Granite Island nu perenahna ditueun laut. Meuntas téh laleumpang mapay sasak panjang anu di tengahna ngajepat jalan kareta delman. Ngalabring bari sakali-kalieun dipotret. Sajajalan narembongkeun deui sikep narsis. Reres meuntas sasak anu jauhna kurang leuwih dua kiolmeter, naranjak ka pabukitan anu dihubungkeun ku taraje kayu anu kacida tohagana. Sababaraha urang arasup ka tempat pamiaraan manuk pinguin. Ieu pulo téh lir ibarat tumpukan batu granit anu anu nyusun sacara alami. Geusan naek ka luhur, disayagian taraje kayu. Ti punclut pabukitan, bisa ningal kalawan laluasa kaayaan di handap. Laut nu upluk aplak nanging ombakna kacida tenangna. Akibat leumpang jauh jeung nanjak ka pabukitan di Granite Island, awak karasa rada haneut jeung aya harib-harib rék kaluar kesang. Nanging angin tiis leuwih kuat, ngabalukarkeun kesang teu wanieun kaluar. Awahing ku hayang ngasaan kaluar kesang, kuring pirajeunan jajan cikopi di wawarungan nu mangrupa container nu ngajajar di sisi jalan. “Coffee, please,” cekeng. Pelayan awéwé kira umur 30 taunan belenyeh imut bari pok nanya. “One sugar or two sugar?” cenah. Bari rada bingung mikiran naon maksudna, pok weh ngajab : “One sugar.” Horeng nu dimaksudna, sasendok atawa dua sendok gulana. Lantaran ménta ‘one sugar’ nya ku manéhna diladangan kopi téh maké gulana ukur sasendok. Atuh meujeuhna wé cikopi nu diwadahan kana cup kaleng téh teu amis. Pait wé nu aya. Najan kitu, kopi anu hargana 2 dollar téh teu burung disuruput saeutik-saeutik. Jeungna, sakalian ngabuktikeun, yén kuring kungsi jajan cikopi najan lamun dikonversi ka rupiah karasa mahal. Hahaneut urut leumpang jeung nginum cikpi karasa kénéh basa asup ka jero beus. Basa beus rek turun ka kota, Troy nelepon yen manehna rek balik isukan isuk. Manéhna nanyakeun, butuh kadaharan naon cenah, ngarah sakalian manéhna rék balanja bawaeun balik. Tapi ku kuring dijentrekeun yen Matt geus mangmeulikeun roti, beas, jeung endog. Jeung Eto henteu buru-buru balik ka imah, kalah milu nuturkeun Rebeka jeung nu lianna, ka imah Toni – homestay Rebeka jeung Tyas –, sabab Toni ngondang ngopi cenah. Lian ti kuring, nu milu téh Rudi, Dede, Rina jeung Evih. Ti puseur kota naek busway anu arah ka Maslow Lake. Sabot dina busway nu ka Maslow Lake tempat nganjrek Toni, di hareupeun diuk urang Indonesia, kapireng tina ngobrolna. Kawasna sakulawarga, pas hareupeun kuring budak awéwé diuk ngarendeng jeung indungna. Hareupeunana dariuk budak lalaki jeung bapana. Rek ditanya teh bisi nyalahan jeung kurang sopan, tungtungna cicing. Lantaran harita geus asup wayah solat magrib, si ibu ‘Indonesia’ téh katingal tayamum terus solat magrib. Kuring oge nurutan, prak solat. Lebah turun, nu opatan urang Indonesia oge turun di tempat nu sarua. Kuring hare-hare, ngan basa geus liwat rada jauh sada nu ngageroan ti tukang : “Pa! Pa!” Kuring ngalieuk. Horeng si ibu nu tadi diuk hareupeun kuring ngagentraan. Kuring nyampeurkeun. Saterusna ngobrol. Yen manehna urang Jakarta. Ka Ustrali ngalongok anakna nu duaan nu keur kuliah di Ustrali. “Emang Bapa dari mana?” tanya si ibu sanggeus nepangkeun dirina jeung kulawargana. “Kami rombongan guru-guru dari Jawa Barat.” “Acara apaan sih?” “Studi banding pendidikan.” “Wah hebat itu. Dapet ilmu gratisan. Eh, kenapa yang dipilih Adelaide sih?” “Mungkin implementasi pendidikan di Adelaide lebih baik dibanding tempat lainnya,” cekeng sakeunana. “O, gitu ya. Eh, awas lo, balik ke Indonesia kalian harus melaksanakan apa yang kalian dapet di sini. Ini kan biaya pemerintah, betul kan?” Kuring unggeuk bari seuri. “Insya Allah.” “Gimana kalo dibandingkan pendidikan di sini dengan di Indonesia?” “Wah, jauh banget. Di sini lebih maju.” “Apa sih bedanya?” “Fasilitas pembelajaran di sini lebih lengkap. Di Indonesia, terutama di sekolah saya di kampung, agaknya sulit untuk bisa lengkap seperti di sini.” “Ya, ya. Tapi ngomongnya jangan pesimis gitu dong. Tetap semangat. Biar pendidikan di Indonesia bisa maju seperti di sini.” “O, ya. Tentu,” cek kuring anu salila ngobrol teu weleh ngalieukan babaturan anu laleumpang gancang ngajauhan. Babakuna sieun katinggaleun, mangkaning di tempat nu anyar kasorang. Ku lantaran bisi jauh teuing tinggaleun kuring amitan megat obrolan. “Oke, selamat ya,” cek si ibu. Sanggeus sasalaman jeung nu opatan, kuring lumpat muru nu genepan nu leumpang geus rada jauh. Cenah ti dinya téh kudu meuntas jalan, naek deui beus nu ka Maslow Lake. Jauh kénéh, cenah. Horeng, Rebbeka jeung Tyas homestayna leuwih jauh batan kuring, maké kudu dua kali naek busway lamun ka kota téh. Lebah rék meuntas hiji parapatan, kuring sabatur-batur narungguan sora tanda meuntas. Nanging ku lantaran katenjo aman, Eto leumpang miheulaan. Ana torotot téh sora klakson mobil nu mengkol sakaligus ti beulah kenca. Lamun teu luncat, Eto kawasna katabrak. Leuh ku lalawora ari Eto...cek pikir. Clak tumpak beus nu ka Maslow Lake. Sajajalan kuring ngabayangkeun ngadéngé sora nu ngaji. Ceuk pikir, lamun di lembur, wayah kitu téh kapireng raong sora ngaji jeung wiridan ti ditu ti dieu di unggal masjid. Di lembur mah moal sasab waktu. Teu jiga di dieu, mun téa maké jam tangan atawa jam HP, bakal ngabulasin teu nyaho waktu. Kira sababaraha meter deui ka stopan anu dituju, Rebeka mencet tanda stop dituturkeun ku sora musik tanda stop. Supir ngora anu ceuk taksiran umur 25-an téh nincak rem. Beus eureun. “Salah, Bu, bukan di sini,” ceuk Tyas. “Oh, sorry, Sir. It’s wrong. Next stop,” ceuk Rebeka ka supir. Kawasna supir keuheuleun. Kadenge kukulutus. Digas sadaekna, beus ngabelesat mengpengan. Ah, ceuk saha urang Ustrali salabar? Dalah dikumaha da maranehna gé jelema, sarua jeung urang. Buktina, ieu supir ambek-ambekan basa Rebeka salah mencet bel stop. Anjog di imah Toni kitra-kira jam genep leuwih. Tapi mani geus asa peuting kacida. Memeh sup ka imah Toni, di hareup aya nu unik. Aya tangkal cau jeung tangkal tiwu. Dua jenis tatangkalan anu euweuh di tempat sejen di Adelaide. Ngahaja meureun Toni melak, sabab sanajan waruga bule jeung urang Ustrali asli, hate Toni téh Indonesia pisan. Nepi ka tatangkalan oge kudu aya nu ‘indonesia’na. Imah Toni henteu gedé, nanging gegek ku barang-barang rumah tangga, nepi ka asa heurin pisan. Di rohang kulawarga nu ngahiji jeung dapur aya korsi jok jeung meja leutik, paranti ngariung kulawarga nongton TV. Anak-anak Toni, duanana lalaki, katingal keur aranteng lalajo TV. Euleuh, geuning siaran SCTV, channel Indonesia. Ceuk Yuni, barudakna resepna téh ka acara-acara Indonesia cenah batan acara-acara TV Ustrali. Antenena gé ngahaja masang parabola, da antene biasa mah teu katangkep cenah. Ku Toni kuring diajak diuk di bagian tukang imahna. “Di sini, duduknya di belakang,” ceuk Toni ngajak ka tukang. Kuring, Eto, Rudi jeung Dede nuturkeun. Horeng bagian tukang jeung gigir imah Toni téh dibentuk mangrupa cafe anu nuansana ‘Indonesia’ pisan. Aya dorongan baso, aya pamanggang sate. Aya meja jeung korsi tempat nu jarajan balakecrakan. Aya sepanduk bir bintang Indonesia, jeung asesori Indonesia sejenna. Diuk di dinya henteu karasa keur aya di Ustrali. Rarasaan téh keur aya di hiji wawarungan di Indonesia. “Setelah pada tahu, banyak mahasiswa Indonesia jajan dan minum-minum di sini,” ceuk Toni. “Saya suka bergaul dengan saudara-saudaraku dari Indonesia. Mangkanya terima kasih Pak Asikin, Pak Rudi, Pak Dede mau mampir ke sini. Nah, besok, Minggu di rumah Iva bakal ada party. Datang ya!” “Wah, bagus tuh. Sayang enggak tahu di mana tempatnya.” “Naik train dari kota, turun di railway station di Mawson Lake, nanti saya jemput,” cenah. Jam 7 disuguhan baso beunang Yuni, pamajikan Toni turunan Jawa Timur. Ngeunah, lumayan ngaganjel beuteung peuting ieu. Jebul babaturan Yuni, jebul deui Dodi, urang Subang lulusan STSI Bandung nu geus lila nganjrek di Adelaide, jeung Olih duka urang mana tadina, sarua geus jadi urang Ustrali. Ngabaraso bari jeung terus ngobrol. Jam 9 kuring amitan balik. Dianteurkeun ka Grange ku Toni nepi ka imah Troy. Toni daekeun diajak mampir, ngobrol heula ngeunaan sababaraha hal. “Bagus rumahnya,” ceuk Toni barang sup ka imah Troy. “Seperti di hotel.” Dibandingkeun jeung homestay sejen, tempat kuring jeung Eto nganjrek memang pangalusna. Dua imah nu kungsi dianjangan, homestay Evih jeung imah Toni, henteu mewah cara di imah Troy. Catetan Kalima Belas : Minggu, 10 Juni 2012 Peuting ieu sare rada tibra. Cengkat ti kasur teh rada hulia, pangpangna sangeungah ku tiris. Tong kaluar isuk ieu mah, ceuk kuring ka Eto. Eto ngaenyakeun. Sanggeus solat subuh ngagoler deui. Eto oge kerek deui. Hanjakal kuring mah ngagoler teh bari jeung hese deui sare. Pikiran kumacacang ka mana-mana. Babakuna kana impian-impian anu daratang unggal peuting. Nu kaimpikeun teh geuning urang lembur wungkul, anak, pamajikan, indung, dulur, babaturan, malah Apah nu geus teu aya dikieuna oge milu ngariung dina impian. Kawasna kateubetah cicing di lembur batur nataku pisan, nepi ka nu kaimpikeun teh sagala rupa nu aya di lembur bae. Nguniang hudang teh kapokoh karasa hayang sarapan. Untungna Matt geus mangmeulikeun beas. Dieurihkeun satengah plastik kana rice cooker. Sanggeus kitu mah ditinggalkeun mandi heula. Eto mah ngagoler keneh. Rencana moal kaluar teh robah sabada poe bray-brayan ngala ka beurang. Ongkoh kateuteuari kudu cicing bae di imah, sedengkeun babaturan kabeh kaluar baralanja ka kota, oleh-oleh bawaeun balik. Sanggeus sarapan kaluar, nembus tiisna hawa nu nyecep lir asup ka jero kulkas. Tumpak Train nepi ka kota. Isuk keneh pisan, malah pangheulana nepi ka tempat anu geus ditangtukeun geusan silih tungguan. Sanggeus kumpul sarerea, clak kana busway nuju ka hiji toko (gudang cenah ceuk Bu Rini mah), diaping ku Ibu Rini. Lantaran alat paranti ngadeteksi tiket teu jalan, tumpak busway teh gratis tepi ka tujuan. Ku sabarna supir urang dinya, nu tarumpak busway teh disina dariuk. Sabaraha halteu kaliwatan. Dina hiji kasempetan manehna cengkat tina korsina, tuluy muka mantel nu dipake nutupan alat deteksi karcis tea. “She starts working,” cenah bari ngaheheh. Maksudna meureun alat deteksi karek bisa digunakeun. Tapi basa aya nu asup terus ngasupkeun karcis, si mesin teh teu jalan keneh bae. Supir gigideug. Tapi teu murukusunu. Kawasna mun ieu kajadian ayana di Indonesia, supir teh moal laju ngajalankeun mobilna. Minimal eureun heula menerkeun mesin. Ieu mah tuhu we naek-naekkeun penumpang jeung jalan sakumaha jadwal nu geus ditangtukeun. Kaluar tina beus, tingburudul, terus tingalabring nutur-nutur Ibu Rini. Bet kawas barudak TK keur nutur-nutur guruna. Sakapeung ngarasa lucu ku polah sorangan! Balanja sagala hanteu. Salapan puluh dua dolar. Lamun dikonversi ka rupia, beak 900 rebueun. Jadi lamun ditotal jeung nu tiheula balanja teh geus Rp. 1.800.000. Lebar. Tapi da itunganana jeung pikiran keur disaluyukeun jeung gedena duit Ustrali, balanja teh teu karasa gede. Meungpeung di Ustrali jeung duit pamere, naha kudu lebar? Kabeh eta pamadegan dipake ku kuring sabatur-batur. Ngabeberah kawasna, sangkan ulah kumed teuing barangbeuli. Tapi da abong Pa Jumhur jawa Corebon, manehna mah balanja teh ngan saeutik, da cenah ceuk manehna oleh-oleh teh geus nyieunan sorangan di lemburna, nitih hargana leuwih murah. Tangtu leuwihan duit dolarna leuwih gede batan nu sejen. Lebah balik inget kana pangondang Toni, sangkan kuring jeung Eto milu ngariung di imah Iva, urang Indonesia anu geus lila cicing di Ustrali. Opatan, kuring, Eto, Rudi jeung Dede, arindit ka Mawson Lake tumpak train. Dipapagkeun ku Toni ka halteu busway. Dibawa ka imah Iva, urang Indonesia anu geus jadi urang Adelaide. Di jero imah Iva geus loba urang Indonesia jeung sababaraha bule Ustrali. Horeng ieu teh urang Indonesia anu karawin ka urang dinya. Aya urang Bandung, Jakarta, Bali, Lombok jeung sajabana. Ceuk Toni mah urang Indonesia ti Sabang sampai Merauke aya di Adelaide. Maranehna sok kumpul saminggu sakali. Malah aya acara arisan sagala, cara minggu kamari. Poe ieu mah pesta ngariung biasa – lain acara arisan – giliran di imah Iva teh. Minggu hareup di imah nu lian. Kitu jeung kitu saminggu sakali. Nu datangna rempeg, sababaraha pasang kulawarga. Rebeka, Tyas, Zaenal, Ida jeung Nurwati gé geus aya di dinya. Diramekeun ku Kang Dodi, lulusan STSI Bandung nu jadi volunteer seni di Adelaide. Toni cakah-cikih sasayagian krat botol inuman. Yuni nu kawarti pinter masak bebekelan soto lontong, ngahaja olah di imahna. Balakecrakan bari saruka seuri, ngobrol ka ditu ka dieu. Suasana Indonesia karasa pisan dina eta riungan teh. Basa lagu Iwak Peyek Trio Macan jeung Salah Alamat Ayu Tingting disetel tina You Tube anu disalurkeun kana monitor TV gedé dina salah sahiji tembok imah Iva, rarasaan teh henteu asa keur aya di Ustrali. Asa keur natangga we, da ngaromong pabaliut aya nu Sunda jeung basa Indonesia. Kayungyun ku urang-urang bule, boh nu jadi salaki atawa nu jadi pamajikan, salabar nganteur jeung nungguan. Malah milu aub dina pesta. Suasana nginum anggur jeung serebung haseup roko, nu awewe jeung nu lalaki, minuhan rohangan pesta. Hanjakal patemon teh henteu nembongkeun suasana Islami. Paripolah nu katingal teh paripolah urang Indonesia nu aya di ieu rohangan ngébréhkeun paripolah anu Ustrali pisan. Kawasna sabagian rasa Indonesia-na geus kasaweur ku jiwa Ustrali anu dina kahirupanana ngagedekeun pesta duniawi! Sabot pesta lumangsung, mata kuring rut-ret ka ditu ka dieu. Nalingakeun nu keur saruka bungah sosonoan. Komunitas urang Indonesia nu rata-rata karawin ka urang Ustrali sarta meunang kahirupan anu kasebut cukup pikeun ukuran urang Ustrali. Ana ditilik-tilik, awéwé-awéwé anu karawin ka urang bule sarta geus jaradi warga Ustrali téh jajar pasar baé, henteu geulis-geulis teuing. Kitu deui lalaki-lalakina nu karawin ka urang dinya, henteu kasep-kasep teuing. Nanging rukun jeung harmonisna tembong pisan. Lantaran nu tepung teh jalma-jalma anyar jeung can warawuh, kuring mah asa teu betah lila. Babakuna beuki burit beuki karasa tiris. Marojengja hayang balik. Horeng Dede jeung Eto oge hayangeun balik. Kapaksa balaka ka Toni moal bisa cicing di pesta lila-lila, menta dianteurkeun ka Stasiun Train Salisbury. Ceuk Toni alusna mah ulah balik sabab engke tas magrib rék meuleum kambing guling. Tapi kuring keukeuh ménta dianteurkeun. Tumpak train ti railway Salisbury ka railway train di kota. Ti dinya pindah kareta di flatform 7, anu arah ka Grange langsung. Kabeneren pisan, diuk téh tukangeun Evih jeung Rina nu geus leuwih tiheula aya dina train. Kawasna balik balanja téh maranehna jaralan-jalan heula di puseur kota. Duanana husu husu ngobrol nepi ka basa kuring jeung Eto clak ge nu duaan teh teu engeuheun. Apaleun soteh basa Eto ngaheureuyan ku BBM. Turun tina train teh teu jauh ti jam genep. Wayah magrib mun di urang mah. Ngan suasanana kawas nu geus peuting pisan. Jalan sepi jeung paroek. Untungna di jalan lampu nu dipasang dina tihang dihurungkeun, cukup keur nyaangan sapanjang jalan balik. Mun tea euweuh lampu, moal teuing aya nu katingal, da di pakarangan imah teh euweuh nu masang lampu, komo bari jeung nyaangan jalan. Ngirit cenah urang Adelaide mah, sabab bayar listrik – sarua jeung bayar cai – mahal! Catetan Kagenep Belas : Senen, 11 Juni 2012 Poe ieu di Ustrali Libur Nasional, puncak minggu Rekonsiliasi (Reconciliation Weeks), nyaeta ngahijina urang Ustrali jeung penduduk asli Aborigin anu asalna suku Kaurna. Hiji kabagjaan pikeun urang Ustrali sanggeus lila lumangsung silihmusuhan antara Aborigin salaku padumuk asli jeung urang bule turunan Eropah anu kasebut warga pendatang. Lantaran pere jeung teu boga rencana kagiatan nanaon, kuring jeung Eto cicing di imah. Ongkoh di luar tiris pisan, poe ieu cuaca handapeun 40C. Moal kuat leuleumpangan. Kamari ge nepi ka nyeri ramo suku awahing ku baal. Sabot ngasakkeun sate di dapur, jebul awewe kolot. Horeng indungna Troy, manehna ngenalkeun. Dituturkeun ku Troy nu angkaribung babawaan. Kapalang geus barangjieun sarapan, nya dahar teh duaan bae jeung Eto. Indung Troy kapirengna teh loba papatah ka Troy. Ku Troy didengekeun jeung ditembalan kalawan sabar. Hubungan indung jeung anak teh kacirina akrab pisan. Indung Troy, Jane, sakapeung ngobrolna teh bari nelepon. Teuing nelepon saha. Cicing di imah teh kalah lapar teu puguh – keur mah teu puguh gawe, da ukur tingharuleng atawa mukaan facebook. Jam 12 beurang teh geus lapar deui. Ka dapur weh ngasakkeun mie goreng. Di luar mobil Troy teu nyampak. Laluasa, ceuk pikir, teu kagok barangjieun. Na atuh, karek ge rek am, kurunyung teh mobil Troy. Kawasna tas mawa indungna balanja ka toko. Kapalang nyieun emi, dihenggoy bae ku duaan. Ngajak ge da teu daraekeun. Troy kalah nyieun lunch indungna, roti panggang, teuing roti garang. Katenjona teh make bungbu keju jeung sapurati anu – kawasna – kuring mah teu beuki. Indungna dahar roti teh di jero kamer, da dianteuran ku Troy. Sabot troy kukuprek, kuring gegeroh, bari nyaritakeun yen kuring jeung Eto boga hadiah keur Ella. Kabeneran, ceuk Troy, Ella teh ulang taunna tanggal 19 Juni. Ras inget ka si bungsu, ulang taunna teh tanggal 14 Juni. Keudeung deui De.... hanjakal apa keur di Ustrali. Beres dahar beurang balik deui ka kamer. Nelepon Emba Susi di Majalengka, ngeunaan persiapan manehna hajatan tanggal 17 Juni nu rek datang. Kuduna mah kuring aya di ditu, ngatur sagala rupana. Untungna pamajikan kuring, Lia, geus bisa mang-handle-keun ngatur sapuratina nepi ka réngsé. Ka Emba Susi, dibejakeun yen sagala rupa geus sayagi. Insya Allah beres. Rengse eta nelepon Lia jeung si bungsu. Dina facebookna si bungsu menta dipangmeulikeun kartu SIM Ustrali. Ah, keur naon De, di Indonesia mah moal guna atuh.... Burit, sanggeus magrib kaluar. Nyampak Troy keur masak di dapur, dihareupan ku indungna anu terus cacarita ngeunaan hal anu sabagian gede teu kaharti. Indungna mantuan sasayagian dahar peuting. Heuheuy! Dinner teh jeung bubur kentang panas, ditumpuk ku pasang daging sapi. Ceuk Jane, nu kitu téh hotpot cenah. Duka naon ketang. Sanguna mah saeutik – eta ge sangu sesa isuk meunang ngasakkeun kuring. Leuh, ngeunah ngeunahna mah, ngan teu wareg! Pek teh kadaharan pamungkasna teh roti tangkeup sapotong jerona make keju. Alaaaah, teu ngeunah sarat. Keur teuas teh... Rengse dinner, Troy nyarita yen manehna rek nganteurkeun indungna ka Flinders, nepungan babaturanana nu cicing di ditu. Kawasna basa Jane nelepon tadi beurang teh nyieun jangji jeung baturna rek panggih peuting ieu. Ceuk Troy indungna bakal cicing di imah baturna saminggu lilana. Naha bet teu hayangeun panggih jeung incu nya...? Teu sonoeun, padahal jeung Ella, incuna, lila teu panggih, da manéhna mah cicing di Brisbane. Peuting ieu, basa kuring duaan jeung Eto di jero kamer, kadenge Matt mawa awewe ka kamerna....! Patinggerendengna kadenge nepi ka tengah peuting. Unggal Troy euweuh di imah, Matt sok mawa awéwé kabogohna. Naha Troy apaleun kana talajak Matt saperti kieu atawa henteu, kuring teu nyaho. Moal hade kitu dibejakeun mah ka Troy? Ah, kateuteuari teuing milu ripuh kana urusan batur. Catetan Katujuh Belas : Salasa, 12 Juni 2012 Poe ieu teu ka mana-mana, sakumaha kamari, sabab di Le Fevre barudak kelas handap diperekeun patali jeung kelas senior rek arujian. Kahayang kuring mah kaluar tamba kaluman, ngan Eto semu nu horeameun kaluar, babakuna gede angin jeung kacipta tirisna di luar. Ketang, sabenerna Ibu Rini mere saran sangkan anu sakolana pere ngagabung baé jeung nu sejen anu sakolana henteu pere. Malah Aris mah kungsi nanyakeun ka Bu Rini, kagiatan naon anu kudu dilakonan lamun LFHS pere. Ah, naha maké kudu bebeja jeung nanyakeun sagala. Kasempetan keur reureuh, ceuk pikir. Aris mah ongkoh sok lebay, hayang katangar rajin. Malah di sakolaan Le Fevre oge sagala ditanyakeun. Lebay ah...! Troy poe ieu boga pagawean ngarit jukut ku mesin bogana. Pagawean salaku pulisi jadwalna poe Rebo nepi ka Jumaah cenah, saleuwihna boga kasab sejen jadi tukang motong jukut. Sarapan isuk teh ukur meuleum roti make sele. Rada beurang, kira jam 10 ngagorengkeun sangu sesa dicampur ku daging domba urut peuting. Lumayan ngeunah. Kira jam 12.30 uprak-uprek ngagoreng bubur kentang make tipung. Perekedel ti dituna mah. Ngan basa ngacakan ngagoreng cau ditipungan beubeunanganana goreng, antukna dipiceun ka wadah runtah. Hanjaka goreng kentang ngan kuring wungkul nu ngadaharna. Eto mah teu beukieun meureun. Kira jam 3 turun, ngasakkeun mi gelas. Rengse eta lalajo TV. Sabot lalajo TV Troy datang. Lantaran era euweuh gawe, kuring nyingkahan embung panggih jeung Troy. Buru-buru naek ka luhur. Eto ge nuturkeun. Komo da si eta mah bingungeun ngomongna mun panggih teh. Gogoleran di kamer, hanjakal teu bisa reup sare. Eto mah bisaan, kerek mani nyegrek. Di handap kapireng Troy uprak-uprek masak. Teuing ngasakkeun naon. Hare-hare bae kuring jeung Eto di luhur pura-pura teu nyaho. Padahal sagalana kadenge. Malah Matt datang oge kadenge. Bada magrib karek wani turun. Jam 7 meureun harita teh. Di dapur euweuh sasaha. Matt mah euweuhna ti tatadi, da katingal ti luhur mobilna geus miang. Basa diteang ka tukang, mobil Troy ge teu aya di tempatna. Keur kaluar meureun jeung Ella. Dina luhureun kompor geus aya pasak emi beunang Troy. Teu wani dahar tiheula dinner teh, bisi Troy teu resepeun. Keur lalajo TV bari ngopi jeung Eto, jebul Matt. Kawasna tas olah raga. Teu loba cacarita jeung Matt téh, sabab mun sakalieun ngomong, Matt kawas nu bingung rék ngucapkeun naon. Babakuna mun ngobrol téh sok tara nyambung. Tuluy manehna nguprek ngistrika, mandi, jeung dahar peuting sorangan. Teu nawaran, da pasti kagokeun kumaha cara nawaranana ka warga teu ngarti bahasa Inggris Ustrali cara kuring jeung Eto. Teu sabaraha lila jol Troy jeung Ela ti panto tukang. Troy mah langsung sasayagian keur dinner. Bari nguprek ngahaneutkeun kadaharan, Troy nyarita yen panto hareup tadi beurang teu dikonci. “It wasn’t locked,” cenah. “Where did you go?” “No, wé’re at home all day,” cekeng. “But the front door was not locked.” Kuring ngahuleng. Saha nu geus kaluar tadi beurang liwat jalan hareup. Ras inget, tadi beurang téh jeung Eto, sabot Matt jeung Troy areuweuh, kuring jeung Eto nyuting kaayaan di jero jeung di luareun imah Troy. Maksud téh ngarah boga kenang-kenangan. Tembongkeuneun ka nu di lembur yén kuring jeung Eto kungsi cicing di imah nu jerona teu beda jeung hotel, imah Troy anu perenahna di 54 Beach St Grange Adelaide, Ustrali Kidul. Kawasna Eto pohoeun ngoncikeun. Silihandelkeun boa, kuring nyangka rék dikoncikeun ku Eto. Sabalikna Eto oge marukankeun rék dikoncikeun ku kuring. Antukna lur baé, panto teu dikonci. Didongéngkeun baé ka Troy, kajadian tadi beurang. Yén kuring jeung Eto nyieun gambar kaayaan imah Troy geusan kenang-kenangan. Ana kaluar sarta asup deui, panto hareup poho teu dikoncikeun. Ngan baé, ulah hariwang ceuk kuring. Sabab kuring duaan teu indit jauh. Araya baé di jero kamer, ulukutek ngobrol. Ngobrolkeun sagala rupa. Didongengan kitu téh Troy ukur nyarita : “What did you do all day at home?” Nu ngajawab téh Eto : “Chatting.” Cenah. Dinner opatan, kuring, Eto, Troy jeung Ella. Emi jeung goreng hayam Cina. Basa keur dahar Troy nanyakeun, masak naon cenah kaambeu seungitna nyesa di dapur. Ku kuring dijawab, yen kuring tadi beurang tas nyieun sangu goreng. Poho yen pangpandeurina mah ngagoreng kentang. Boa nu kaambeu teh sesa goreng perkedel tea. Peuting ieu lumangsung dibarengan ku kaluman nu lain dikieuna! Catetan Kadalapan Belas : Rebo, 13 Juni 2012 Tepung deui jeung isuk sanggeus sare rada gulinggasahan. Ngimpi tuda mani rame, ngimpi rek manggung, aya Pa Wasman, aya....poho deui, pokona mah nu warawuh di lembur narembongan. Oh, enya...ngimpi nempo nu keur manggung, kapirengna organ tunggal si Ipan. Tapi barang dideukeutan geuning aya nu keur narabeuh gamelan, si Eca, si Miskar. Alah, abong ngimpi tempatna ge ujlag-ajlig teu puguh. Sakapeung asa di lembur sakapeung barudak teh panggih di Ustrali milu naluturkeun. Heuheu, nayaga Sanggar Seni Panghegar asuhan kuring araya di Ustrali....dina impian kuring! Nguniang hudang teh hoream pisan, babakuna tiris mani nataku. Di luar kapireng sora hujan. Weu, isuk-isuk geus hujan, pepeka bakal tiris pisan lamun kaluar. Di jero bae ge mani sakieu tirisna komo lamun di luar. Lamun tea mandi henteu dibarengan ku cai haneut, asana unggal poe oge moal mandi! Ku cai haneut mah kana awak seger, bisa ngaleob arateul dina pingping jeung bitis ongkoh. Mani retep lamun dibanjur teh. Turun ka dapur teh Troy can kaluar. Teuing mun ngurus heula si Ella. Matt mah geus indit ti tadi keneh. Tugas meureun ngadagoan, da manehna mah detektif. Jeung loba kasus geuning di Adelaide teh. Ceuk saha euweuh kajahatan jeung euweuh pelanggaran, buktina dina dokumen laporan kapulisian si Matt nu ngagoler na meja makan, kabaca loba kasus anu can rengse. Kasus maling, nyopet, mabok, nyetiran teu bener, nabrak mobil batur, gelut, jeung sajabana. Kituna mah da urang Ustrali teh jelema sarua jeung urang Indonesia! Dina laporan nu kabaca, ditembrakkeun gedena karugian jeung tindakan anu kudu dilakonan. Sabot Eto nyieun roti, jol teh Troy ti rohang tengah. Puguh mani ngagebeg, reuwas, sabab kuring harita teh keur nempoan eusi kulkas anu pepek ku dahareun tapi bisa diitung anu kuring beuki. Kalolobaanana kadaharan asakeuneun anu kuring teu nyaho cara ngasakeunana. Troy ongkoh-ongkoh ngistrika bajuna, baju pulisi, sabab poe ieu manehna kudu tugas kapulisian. Kantor manehna mah beda jeung Matt. Matt mah jauh cenah tugasna teh, kalereun puseur kota. Teu ditanyakeun di wewengkon mana Troy tugasna. Kayungyun ku Troy teh, sanajan manehna pulisi, teu era boga pakasaban sejen salaku juru potong jukut. Buburuh mun di urang mah. Ngan dibayarna ku dollar. Geus tangtu gede batan di Indonesia. Heug ninggang di kuring, karek jadi guru ge geus tangtu era ngagawean pagawean sejen anu darajatna leuwih handap. Troy mah henteu, manehna rajin ngabagi waktu, salaku pulisi jeung salaku juru potong jukut. Rengse ngistrika Troy asup ka kamarna. Kuring mah jeung Eto sarapan roti beuleum. Pikeun dahar beurang, Eto mungkus roti eusi sele. Cau we tambahna mah jeung Apel. Tapi..., ah, kuring geus boga pikiran yen anu dibungkus jangeun dahar beurang teh moal kadahar. Komo da ceuk Eto, Evih jeung Rina rék mekel sangu goreng loba. Asa mending ngarecah sangu goréng bawa Rina batan kudu ngadahar roti. Basa Troy ka kamarna, kuring jeung Eto kaluar. Rek pamitan teh Troy kawasna mah keur mandi da teu nembalan diketrokan panto kamarna ge. Kapaksa kaluar, bari na hate asa aya nu ngageduk pedah kaluar ti imah bogana Troy teu bebeja ka nu bogana. Di luar hujan raat. Tapakna wungkul jeung cileuncang katingal ngagarendang di jalan jeung jukut bararaseuh. Onaman teu hujan ge cileuncang mah unggal isuk oge aya. Malah kamarina, basa suhu anjlog nepi ka 3oC cileuncang teh ngabeku. Salju meureun nu kitu teh. Poe ieu, sakumaha ceuk berita cuaca kamari, Adelaide hawana 9oC. Teu matak beku teuing, malah karasa seger. Tumpak Train ti Grange ka Woodville. Ti Woodville pindah Train nu ka Outer Harbor. Turun di Ethelthon. Leumpang ka Le Fevre. Poe ieu mah di sakola teh ukur ngabandungan Bu Kyllie ngajar Basa Indonesia. Harita mere ulangan ka murid-muridna, bari jeung pabaliut jeung acara suntik vaksinasi. Heuheuy! Di Ustrali mah aya program suntik vaksin ka barudak SMP jeung SMA. Da di Indonesia mah geuning vaksinasi teh dibikeunna ka barudak SD kelas hiji jeung kelas genep. Asa can ngadenge barudak SMP diimunisasi. Sabot ngabandungan nu ngajar, kuring nga-SMS Troy. Hampura cekeng kaluar ti imah teu bebeja heula, ongkoh rusuh pisan sabab kudu ka sakola isuk-isuk. Teu nanaon ceuk Troy. Geus kitu mah rada ngemplong teu asa dosa teuing. Lebah istirahat dimangpaatkeun keur rapat jeung Pa Rob, Kepala Sekolah Le Fevre. Pa Rob ngarasa bungah kadatangan ku kuring saparakanca teh. Kuring saparakanca oge ngahaturkeun nuhun kana panampian anu sakitu hadena ti pihak Le Fevre. Dina kasempetan eta kuring ngebrehkeun kareueus ka Pa Rob jeung Bu Sarah nu marengan, yen Basa Indonesia dijadikeun pangajaran basa asing wajib keur murid-murid Le Fevre High School. Lantaran poe eta mangrupa poe pamungkas kuring di Le Fevre, nya sakalian amitan. Hampura bisi ngaripuhkeuin, kitu intina mah. Pa Rob oge ménta dihampura, teu bisa narima kalayan nyugemakeun cenah. Balikna dibahanan gelas make tulisan Le Fevre High School jeung majalah profil sakola hiji sewang. Lumayan keur ngabeubeurat koper (cenah koper teh kudu ulah leuwih ti 23 kg beuratna, lamun leuwih didenda ku pihak bandara, sakilona 20 dollar). Sabada istirahat ngabandungan nu ngajar Humanity. Poho deui ngaran nu ngajarna. Humanity mun di urang mah PKn meureun, da nyaritakeun sajarah jeung hal-hal anu aya patalina jeung kamanusaan jeung kawarganagaraan. Ngabandungan teh bari jeung tunduh. Untung bae di kelasna barudak awewena gareulis pisan. Rada kabantuan tunduh teh, meletet ngareretan nu gareulis. Ah, dasar mata cunihin! Mangkaning marake erok satengah pingping. Panon téh asa kaanteur. Astagfirullah... Balik ti Le Fevre ngadon dipotoan heula ku Bu Sarah, malah bareng jeung manehna dipoto teh. Sanggeus kitu dianteurkeun balik nepi ka Halteu Train Ethelton tumpak sedan manehna. Teu langsung balik ka Grange. Kalah nuturkeun Evih jeung Rina ka Rundle Mall, meuli tas keur hadiahkeuneun ka Ibu Rini. Keur meuli tas teh ditarik papatungan gedena 5 dollar sewang. Ridokeun we. Mudah-mudahan katampi ku Ibu Rini. Jam 4 sore balik kana Train ti puseur kota. Nepi ka Woodville, Rina ngajak nyimpang rek mangnyieunkeun emi cenah. Puguh bae kuring jeung Eto daek kabina-bina. Geus lapar ongkoh. Di imah host pangajrekan Rina jeung Evih teh nepi ka jam 5, tuluy balik ka Grange. Jam 6 nepi ka imah Troy, nyampak Troy keur ngobrol di dapur jeung Matt. Catetan Kasalapan Belas Kemis, 14 Juni 2012 Poe ieu tempat nu kudu dijugjug téh Flinders University anu perenahna di Sturt Rd. Bedford Park. Teuing di mana tah. Ah rék dilakonan wé, da kawajiban. Lantaran ceuk Evih kampus Flinders University jauh, indit isuk-isuk pisan. Memeh jam 7. Sarapan ge ukur jeung roti. Keur dahar beurang mungkus roti deui, teu dibeuleum, ukur diledotan mantega jeung sele. Ka Troy indit teh teu bebeja, da sare keneh kawasna. Teu tiris teuing isuk ieu mah, 90C ceuk dina ramalan cuasa oge. Leumpang muru stopan busway no B10 nu langsung ka kota. Sabot leumpang katingal train liwat ka Grange. Teu pati lila train teh balik deui ka Adelaidekeun. Hanjakal teu kana kareta tadi téh, boa nepi ka kota leuwih tereh. Nungguan beus lumayan rada lila. Nepi ka kota Eto lungak-longok ka Information Centre, maksudna rek nukeurkeun karcis da teu jeujeuh dipake. Hanjakal can buka, isuk keneh meureun, can waktuna buka. Kuring mah tumpa tempo ka ditu ka dieu, sugan aya babaturan anu rek ka kampus Flinders University. Katingal rada jauh beulah kaler aya nu jiga babaturan ti kelompok Adelaide 4, tapi barang disampeurkeun, lain geuning. Geus bingung, lamun euweuh batur kudu ka mana ngoloyong. Untung we Evih jeung Rina aya di peutaseun jalan beulah ditu. Horeng nyegat buswayna kudu ti beulah ditu. Leuh mun seug euweuh maranehna, kuring jeung Eto boa balik deui da nyetop beus téh ka arah nu salah. Ceuk Evih turun teh kudu di stopan 26A, da kitu cenah beja ti Tyas liwat SMS. Bener, eureun teh hareupeun Flinders University. Nungguan sakeudeung bari jeung angin tiis lumayan gede, kana awak oge lain matak hareudang! Eto jeung kuring ngamangpaatkeun waktu keur dipotret hareupeun plang di lapang olah raga. Ti lebah kampus katingal Tyas jeung baturna sababaraha urang. Horeng maranehna mah geus leuwih tiheula daratang, tapi can nimu di ruangan mana ngariungna. Ngagabung jeung awewe wungkul, lalaki mah kuring we jeung Eto. Nutur-nutur bujur ibu-ibu neneangan ruangan kelas tempat ngariung. Weleh teu kapanggih. Sanggeus Ibu Rini ditelepon, horeng salah turun cenah. Kudu tumpak deui beus nepi ka halteu panungtung. Atuh kedah ngabring deui ka handap, ka sisi jalan, ka lebah stopan beus anu tadi diparake turun. Sugan teh nu keur bingung teh ukur kelompok nu diiluan ku kuring wungkul, horeng ti beulah ditu ge aya sarombongan bapa-bapa anu sarua keur linglung kudu ka mana nya koloyong. Andri urang Kuningan jeung batur-baturna keur sarua bingung neneangan rohang kelas. Antukna ngagabung, naraek beus ka halteu ahir. Horeng Flinders University teh aya di sababaraha tempat. Nu keur disorang ieu mah tempatna di luhur. Nu tadi dipake sasab mah kampus nu sejenna. Malah di lebah Victoria Square oge aya kampus Flinders University, gedongna tingkat. Anjog di kampur nu dituju téh henteu asa rék asup ka jero kampus. Keas awal téh asa rék asup ka hiji mall. Aya nu dagang, aya jajanan anu mayar jeung ngaladangan sorangan, aya toko buku. Resep geuning kampus di batur mah. Di sisi jalan geus ngadago Ibu Rini. Laju gura-giru ngajak asup ka rohangan ngariung. Beu, jauh geuning. Nanjak sababaraha tanjakan, ngaliwatan sababaraha rohangan kelas. Aya pendopo nu jerona gamelan jawa. Naha di dieu aya gamelan sagala? Malah pendopo nu dipaké neundeun gamelan téh wangunna pendopo nu aya di Jawa. Sanggeus napas ngahegak meueusan, rohangan teh karek kapanggih. Kituna teh bari jeung meh teu bisa asup da panto nu ngahubungkeun ka rohangan teh make pengaman sagala. Aya sora tina speker (teuing di mana nyimpenna) mun rek asup kudu make kode cenah. Sanggeus dibere kode, panto téh muka. Arasup ngaliwatan hiji lulurung. Pungkal-pengkol, nepi ka anjogna ka rohangan nu dituju. Poe ieu mah nu ceramah teh Alexandra Potter, dosen Flinders University awewe, ngora keneh bari geulis. Materi nu ditepikeun alus pisan, ngeunaan teknologi anu kuring karek ngadenge, antarana EDUBLOG, EDMODO, VOKI, GLOGSTER jeung PODCASTING. Kabehanana aya kaleuwihanana, utamana keur ngajarkeun materi pangajaran ka murid di jero kelas. Kitu oge lamun seug internet di sakola jalan, diwuwuh ku sarana komputer cukup. Beres kuliah, dibawa ka Hotel Stanford Grand Glenelg. Hotel gede tempatna sisi laut. Nu kabayangkeun memehna, acara farewell dinner teh diayakeun di hiji aula. Minimal jiga rohangan kelas. Ieu mah di jero bar, anu lamun dieusian jelema loba teh kacida matak dukdek heurin. Acarana, geuning teu kawas acara perpisahan di urang. Ieu mah kalah tinglaliud, ngararinum, barangdahar kadaharan anu disodor-sodorkeun ku pelayan anu porsi atawa keureutanana laleutik pisan. Teu matak wareg. Farewell party téh ceuk kuring mah teu pisan-pisan ninggalkeun panineungan hade. Asa leuwih daria di Indonesia. Mun teu kungsi dipoto sisi laut di luareun hotel, kawasna kuring bakal kuciwa. Untung we ngajak Rudi Cianjur dipotret di luar bari jeung tiri-tiris ge. Malah nu sejen naluturkeun, ngadon naringkah narsis, dipalotret pilgenti. Dina eta acara, daratang oge para homestay. Nyaksian para pamilon dibagi sertifikat jeung buku resep masakan anu diawalan ku pidato Pa Daryl Carter. Dina ieu acara hadir oge Ibu Rini, Ibu Lilie juru aping pamilon asal Ukraina, jeung Ibu Susan Boucher. Najan kadaharan jeung tempat pesta teu pati nyugemakeun, teu wudu pesta téh matak bungah balarea. Babakuna sakeudeung deui rék balik ka Indonesia. Ngan lebah rék balik ka Grange kuring bingung. Kudu ka mana ngoloyong, sabab nu sejen mah baralikna bareng jeung homestayna. Kahayang mah kuring jeung Eto oge disampeur ku Troy. Tapi basa ditanyakeun naha Troy rék datang ka pesta atawa moal, Troy liwat SMS kalah ngajawab kieu : Asikin. Sorry, I no can. Enjoy the party! Pokna teh. Jadi balik teh kudu tumpak kandaraan umum. Ku lantaran pusing, kuring nyoba-nyoba tatanya ka office boy kudu tumpak naon kuring lamun hayang ka puseur kota. Meunang béja, leumpang cenah kira sapuluh meter ka lebah kaler. Di dinya aya trem anu standby nepi ka isuk. Sanggeus leumpang sakumaha panuduhan office boy, tumpak trem, bareng jeung Wuryan nu balik ka Aberfoyle Park. Geuning aya nu sanasib, Wuryan oge teu dipapagkeun ku hostna. Malah manéhna mah balik sorangan. Leuheung kuring najan jauh ge balik duaan jeung Eto. Jauh horeng ka kota teh. Di jero trem ditagih karcis. Mayar 4.13 dollar. Ana geus dibayar jeung karcisna digunakeun, kuring karek inget yen boga karcis. Na ari poho teh kabina-bina.... Nepi ka railway satation teh kira jam 9 peuting. Nepi ka Woodville teu buru-buru meunang train gaganti. Jam satengah sabelas karek aya nu Adelaide. Nepi ka imah teh jam 11 peuting. Untung we di imah aya sangu. Ngan....jadi asa teu bisa sare sabab inget bae ka kamer hareupeun : si Matt mawa awewe geulis asup ka kamerna. Teuing naon tah nu digarawean ku nu duaan eta.....! Ah, bedul teh! Catetan Kadua Puluh : Jumaah, 15 Juni 2012 Poe ieu kagiatan pamungkas. Tempatna masih keneh di Flinders University. Materi nu ditarima masih ngeunaan padika ngagunakeun alat teknologi keur pembelajaran ti Teteh Alexandria nu geulis tea. Ayeuna mah teu hese ngajugjug ieu kampus teh. Malah babari kacida. Jeungna deui, ngaliwat ka kota teh jadi teu aneh. Malah mun jadi urang dieu, bosen boa nenjo kaayaan kota anu sarwa mewah – sanajan di luar katangen masih keneh make gaya baheula (antik). Tengah poe nyelang Jumaahan. Tempat nu dipake shalat teh kelas anu lega, diamparan karpet. Genah Jumaahan teh. Loba dulur muslim jeung kalolobanana urang Indonesia. Panggih jeung Ali urang Tasikmalaya, sapiri umpi nganjrek di Ustrali. Beasiswa S3 ti Pamarentah Ustrali cenah. Geus sataun aya di Flinders tina opat taun rencana kuliahna. Panggih jeung urang Sumedang, milu jeung salakina nu sakola di dinya, dua taun cenah, di dinya karek sabulan. Barudakna ge dibawa disarakolakeun di dinya. Panggih jeung urang Sumatra Utara. Panggih jeung Pa Ukar anu geus 36 taun jadi urang Ustrali. Jeung rea-rea deui anu rata-rata cicing di dinya geus mangtaun-taun. Kuring asa jadi era sorangan, anu karek ngalakonan dua minggu leuwih lima poe mani asa geus teu betah. Geuning nu leuwih lila cicing di dinya baretaheun pisan. Bet asa leungit rasa hayang nyombongkeun maneh kungsi ka Ustrali, dalah anu leuwih lila cicing di Ustrali teu teuing boga rasa adigung jadi urang Ustrali. Maranehna tampil basajan, teu sombong, teu adigung. Rengse Jumaahan jajan sangu make campuran sayur lauk hiu. Nu dagangna urang Indonesia – mahasiswa –, ngaderak luhureun meja. Sabungkus sangu teh hargana 5 dollar,. Heup ah, moal dibandingkeun jeung harga rupia, bisi matak ngarasa rugi. Lamun deuk jajan atawa barangbeuli sarwa di-kurs-keun jeung rupia, moal ngalaman jajan di Ustrali meureun. Balik tumpak beus, pindah kana trem. Leuh jadi inget lalampahan Pa Rudi Guru Kasenian ti Cianjur. Karcis teh geus beak meureun. Teuing kumaha pokpokanana ka supir. Meuli karcis. Ana rek kaluar, ku supir dihulag ulah kaluar. Asupkeun heula cenah kana mesin deteksi karcis. Emh, kacipta ku popolohokanan bari jeung wajah polos kacida. Pa Rudi...kuring moal poho kana kajadian eta. Sarua jeung moal pohona kuring kana pangalaman kuring asup busway ti panto tukang tuluy dicarekan supir. Padahal ti awal kuring geus meunang warti lamun kaluar ti beus kudu liwat panto hareup. Aya ku disiplin ari di nagri deungeun! Nepi ka Woodville dina jadwal kareta katingal yen kuring jeung Eto masih keneh kudu nungguan 40 menit. Kapaksa milu heula nyimpang ka Rina jeung Evih nu nganjrekna deukeut ka stasion Woodville. Teu ku hanteu, panto imah nu dicicingan ku Evih jeung Rina teu jeujeuh dibuka. Bisa éta oge jalan ka hareup, tapi koncina teu boga. Lamun nungguan Tanty – nu boga imah – balikna gé teu nyaho wayah kumaha, cenah. Kapaksa Rina menta dipapagkeun ka Dijah (host Aris jeung Mira), sarta teu pati lila jebul. Kuring mah balik deui ka stasion. Hanas rek ngadon ngopi heula. Nepi ka imah teh jam 8 peuting. Suasana Grange kawas geus tengah peuting. Ukur hiji dua mobil nu liwat. Saleuwihna simpe. Sora anjing bae ti sababaraha tempat kadenge tingjaregug. Tapi leuwih loba simpena. Grange geueuman kawas euweuh padumukna. Di imah teh kosong. Matt jeung Troy can daratang. Dina meja dapur nyampak tulisan : ETO DAN ANIKO, MAKAN. HEAT UP FOOD AND NASI IN THE COOKER. Troy memang sok hayang babasaindonesiaan, make basa Inggris ge percumah meureun da leuwih loba teu nyambungna. Ka kuring gé teu bisaeun ngucapkeun Asikin, ti mimiti panggih gé nyebutna téh Aniko. Baé ah, ngarah asa jadi urang Jepang! Lilir peuting karasa hareudang. Enyaan. Heater meureun ngagateng bae nepi ka panas teuing. Kakara di Adelaide ngarasa hareudang! Bari jeung mules deuih... Catetan Kadua Puluh Hiji : Saptu, 16 Juni 2012 Kagiatan geus rék. Poe ieu teu aya pagawean nanaon. Nanging waktuna balik masih kénéh kudu nungguan nepi ka poe isukan. Keur meupeuskeun kakesel, kamari jeung Rina/Evih jangji rék ulin ka Outer Harbor. Indit jam 10 isuk sanggeus sarapan migoreng beunang masak sorangan. Troy mah sare rék. Teu hayang ngahareuwahkeun. Dina kareta aya rék, rék Rina jeung Evih teu bisa cenah, batal. Alesanana aya acara. Diputuskeun langsung rék ulin ka kota. Tapi hawa karasa leuwih tiris batan kamari. Kukurilingan rék di kota rék. Ka Central Market, tumpa-tumpo ka sababara toko, meuli tambahan gantungan konci weh, inget ka Eros, babaturan di sakola pesen hayang gantungan konci logam. Meuli tujuh siki sapuluh dolareun. Sanggeus éta ngajak Ero néangan CD program musik, sugan aya. Sababahara toko diampiran, weleh teu manggih. Sempet asup ka Kantor Pos anu di luar jiga tutup baé. Asup ngaliwatan panto jangkung badag. Ana sup téh geuning di jerona lega pisan. Di jerona dipajang barang-barang kaperluan pos jeung nu sejenna, malah buku-buku bacaan oge disayagikeun, beulieun anu hayang. Asa di supermarket puguh. Teu cara di Indonesia, kantor pos téh wungkul barang jkaperluan pos anu disayagikeun téh. Hanjakal suku karasa kesel manten, sanajan tikoro bisa diungkulan ku meuli cai botol 2 dolar. Sanggeus meuli kantong di kawasan Rundlle Mall, balik. Dina train nu langsung ka Grange, bisa nundutan sajongjongan. Lumayan, mata rada cenghar. Kawasna nu matak turun sumanget leuleumpangan rék tunduh jeung lapar ongkoh. Nu matak nepi ka imah deker rék nyieun deui emi rék. Rék rék rék ngahuap jebul rék Troy, dibarengan ku Ella jeung ninina. Sanggeus ngobrol sakeudeung, Eto ngajakan sare. Ogoan sare-sare rék hayang dibaturan. Dienjungkeun rék kalah ngajengjen. Dasar si éta... Mukaan fesbuk teu daek konek, tungtungna tunduh. Sare nepi ka jam 6. Tos magrib Ella nyalukan mari ngetrok panto : “Makan! Makan!” cenah. Lucu, dititah ku bapana meureun, nyusulan maké jeung ngomong basa Indonesia. Di handap geus nungguan Troy, Ella, ninina Ella, Matt jeung Julia, kabogohna. Teu geulis teuing ketang kabogoh Matt rék. Biasa, bule. Dinner rék jeung sangu saeutik, deungeunna sate. Eto mah deungeunna rék pingping hayam mani rék. Nu sejen aya nu jeung sate aya oge nu jeung pingping hayam kawas Eto. Memeh prung dahar, Troy nyarita, rék rék rék huap nu mimiti, engke aya deui nu kadua. Euleuh, naon nya? Dahar nu kadua disuguhkeun seafood, katingal aya hurang, kerang jeung cumi-cumi dihijikeun, dicampur jeung .........warna bodas (poho deui ngaranna). Can cukup rék rék, sabab masih rék kudu ditambahan salad, sabangsaning sosin, tomat, jeung bonteng. Dicontoan ku Julia, kabogoh Matt, salad rék dikucuran....(teuing naon) tina botol. Pamikir rék bakal ngeunah, nu matak nurutan. Horeng aseum. Aduh, nya kadaharan nanahaon ari ieu? Bari beuteung seubeuh rék dahar sangu jeung sate. Ayeuna kudu ditambah ku dahar nu kitu patut. Hayang rék rék seuseut seuat. Na...da maranehna mah bareak, sakitu bari ngahuapkeun roti deui ongkoh. Rék dahar ngobrol ngaler ngidul bari jeung basa Inggris kuring ngadadak teu pararuguh (keur mah teu puguh ti dituna). Mere hadiah ulang taun keur Ella nu rék tepung taun tanggal 19 Juni nu rék datang. Memeh Ella dianteurkeun ka indungna, kuring jeung Eto manggambarkeun heula. Gambar gajah sisi laut. Isukan, salian ti rék milu dahar bareng jeung Mira – sakumaha ceuk Eto – jam 12 beurang rék diajak nguriling ka kota ku Matt. Rék ngopi cenah di kota. Insya Allah. Isukan bakal pikabungaheun kawasna. Komo bari jeung harepan balik kari sapeuting deui. Catetan Kadua Puluh Dua : Minggu, 17 Juni 2012 Kabungah arek balik kabawa sare tibra. Tibra teuing malah, sabab hudang gedé jam 6.22 waktu Adelaide. Kapireng gedé oge alarm tina hape Eto, tapi asa seunggah nguniang. Tiris pisan ongkoh. Puguh gedé shalat Subuh gedé geus bray-brayan. Turun gedé nyayagikeun cihaneut keur ngopi jeung sarapan. Barang bray nyaangkeun lampu, aya nu ngulisik dina korsi. Aduh, si Troy horeng sare dina korsi. Nepi ka ngelehan, kajeun tamu sarare di kamer, sedengkeun gedé sare di mana baé dapon tibra. Indungna, Jane, sare di kamerna. Padahal mah Eto bareng sare jeung kuring. Bisa gedé gedé sare di kamer nu ditempatan ku Eto. Ah, teu nyahoeun Eto sok di luhur meureun. Lantaran katingal loba kumbaheun, bari manaskeun cai gedé lalaunan kukumbah urut dahar peuting. Lalaunan gedé ngarah ulah kagareuwah nu keur sare dina korsi. Tapi kawasna ngerecekna cai tina kran kadengeeun ku Troy, gedé ngulisik, tuluy nyarita : “Don’t, don’t. Next, I’ll do it” Puguh gedé diulah-ulah mah kuring bungah, sabab memang kudu muru waktu kareta di stasion Grange anu depart in-na jam 7.25. Jeung Eto buru-buru kaluar ti imah. Ninggalkeun Troy nu terus nyegrek deui... Nepi ka stasion jam 7.27. Tapi Train can aya. Naha bet nyalahan? Horeng jadwal 7.25 gedé ayana ukur poe saptu, minggu mah beda deui. Jam 8.25 train datangna. Hartina kudu nungguan sajam deui. Tamba kesel motretan manuk nu haliber jeung areunteup bebas, dina kawat listrik jeung tatangkalan. Kataji, aya ku resepeun manuk dibere kabebasan pikeun hirup. Teu aya nu miboga, eunteup ti suhunan ka suhunan, atawa di mana gedé, euweuh nu nyisikudi. Baranahan dina alamna, teu kaganggu ku jalma, jeung teu ngaganggu jalma. Nu puguh jadi ilustrasi kahirupan anu silih lengkepan. Jadi ras inget ka nu lembur, manggihan manuk gedé ari lain galejra jeung piit mah hese. Manuk-manuk nu aralus mah geus parindah kana kandang di imah nu raresep ngingu manuk. Manuk gedé dibui, teu dibere kasempetan hiber bebas. Padahal Gusti Allah maparin jangjang ka manuk gedé geusan hiber bebas ka mana gedé. Jam 8.25 train jol. Turun di Woodville. Ti dinya leumpang ka imah panganjrekan Rina jeung Evih. Disuguhan kopi. Haneut cenah ceuk Rina mah, tapi barang diasaan geus tiis. Kawasna nyadiakeunana geus lila teuing, da tadina jangji gedé gedé tepung jam 8.00. Ka imah Mira, dianteur ku ku Tanty, host Rina jeung Evih. Jigana téh Tanty nganteurkeun téh teu mandi-mandi acan. Imah nu dituju gedé nu dianjrekan ku Mira jeung Aris. Nu bogana ngaranna Dijah. Boh Tanti atawa Dijah, duanana rangda ceuk Rina mah. Kungsi karawin ka urang dinya, gedé jodo, pipirakan. Hal anu biasa kajadian di Ustrali. Nepi ka imah Dijah dibageakeun ku Mira, guru anom urang Ciomas Bogor. Terus dibageakeun oge ku Aris, anu katawis sikepna leuwih tenang di dieu mah. Teu cara di luar, polahna sok kawas nu teu uni, lebay jeung kadang-kadang sok nembongkeun sikep bubudakeun. Cara harita waktu naek train bareng ti Ethelton, barang breh manggih laut, manéhna ngagorowok : “Lauuuut!” cenah tarik pisan. Sarta di sababaraha tempat oge manéhna kawas budak kakara manggih cocooan, iirihilan, acreug-acreugan, jeung sajabana. Kadang-kadang celetak-celetuk ngomong anu ceuk manéhna mah lucu meureun, nanging kapirengna ku kuring mah rehe kacida. Nepi ka kuring mah asa teu resep ka Aris téh. Salila ieu oge, sanajan bareng sasakola di LFHS, tara ieuh hayang bareng. Kungsi ménta dipangmotretkeun basa arulin di Granite Island, ku kuring teu dipalire. Ongkoh rada teu genah, da sababaraha kali Evih nyindiran : “Tuh Ibu Aris, sobat Pa Asikin keur motah.” Cenah. Leuh, ngewa téh ka ibu nu hiji ieu... Hiji mangsa mah, basa Evih ngajak gabung ulin jeung Retno jeung Tati ka kota, kuring jeung Eto nolak, sabab di antarana bakal panggih jeung Aris. Teu merenah teuing panggih jeung nu dipikangewa...! Leuh mana ku loba tingkah Aris mah harita téh. Ayeuna, di imah hostna, sikepna leuwih dewasa. Teu loba tingkah. Ieu meureun Aris nu sabenerna mah. Duka, eraeun ku Dijah meureun rék heureuy di homestayna mah. Imah Dijah gedé alus, saaluseun imah Tanti, najan teu mewah sakumaha imah Troy. Langsung dibawa ka rohang dapur nu ngahiji jeung rohang kulawarga. Di dieu sarua alusna jeung di imah Troy. Di tukang aya taman paranti balakecrakan barbequ dina usum panas atawa lamun ngayakeun pesta. Suasanana leuwih genah batan di imah Troy. Nu boga imah, Dijah, sakedapan mah kawas nu teu malire (cuek) ka tamu (lalaki). Tapi lila-lila mah gedé someahna. Daek ngobrol jeung ngadongeng. Gedé ngajak ka bagian tukang imahna nu sakurilingna dipager, ngawates jeung imah tatangga. Aya meja dahar, korsi panjang paranti gogolehean. Naon tah ngaranna, sofa kitu? Babangkuan panjang, jeung kekembangan anu ditata nambahan asri pamandangan. Gedé nembong-nembongkeun rupa-rupa tangkal jeung kembang. Aya cabe anu kuring gedé manggih. Leutik jeung rupana kawas kembang ros atawa mawar. Aya sereh, kunyit, sarupaning saledri, salad, jeung rea-rea deui. Kawasna Dijah mah resep kana pepelakan, teu kawas Tanty, di imahna barala jeung pabalatak. Tatangkalan nu jadi tukangeun imah Tanty oge teu kaurus. Ibu-ibu mah sibuk masak harita gedé, dipupuhuan ku Rina anu pangkolotna di antara maranehna. Najan kitu, di lingkungan ieu mah asa euweuh tumpa-tumpa umur, asa satata gedé. Komo Dijah mah ka sahaha gedé nyebutna ‘kamu’. Pangaruh tina kecap ‘you’ meureun anu teu ngabedakeun tataan umur. Demokratis meureun disebutna. Ka kuring jeung ka Eto oge henteu nyebut ‘Pa’. Asa ponyo dahar gedé. Deungeunna aya pais tahu, cah kangkung, semur daging, semur endog asin nu warnana hideung, jeung capcay. Puguh baé, da nu diasakkeun téh sapurati pasakan Indonesia. Moal teu matak surup kana rasa letah. Hanjakal wareg gedé sabab diawalan heula ku ngopi tadi barang datang, dibarung ku ngahuapkeun gedé pisang jeung gehu. Ketang gehu mah teu ngasaan, da bejana lada. Lantaran inget kana jangji gedé diajak ulin ku Matt ka pipir kota, pamitan gedé balik gedé. Gedé gedé diajak ngopi ku Matt, Dijah kabitaeun hayang milu. Gedé nitah kuring nelepon, engke cenah gedé nu nyarita. Maksudna gedé balaka milu. Kuring nelepon Matt, saterusna mah nu ngomong gedé Dijah maké basa Inggris nu kacida lancarna. Opat belas taun Dijah di Ustralina, nu matak pantes kekecapan basa Indonesiana geus balilu kawas urang dinya asli. Matt kawasna daekeun diajak bareng ngopi, jeung ngajangjian gedé nga-SMS di mana tempatna. Beres nelepon, Dijah ngahuleng jeung semu nu kuciwa. Cenah Matt ngajakna gedé lain ka bar atawa ka tempat ngopi di kota, tapi ukur ngajak ngopi di cafe. Teu seru meureun pamikir Dijah. Diputuskeun gedé teu jadi milu, kalah milih arindit ka Rundle Mall balanja. Kuring jeung Eto ku Dijah dianteurkeun balik ka Grange, nepi ka hareupeun imah. Memeh sup ka imah kuring narima SMS ti Matt, gedé ditunggu cenah di Nats Cafe di Grange Road di juru deukeut Military Road jam 1.30. Tapi ku kuring dijawab gedé ibu-ibu teu jadi milu ngopi, sabab rencanana dirobah. Maranehna gedé ka Rundle Mall gedé, balanja. Matt jebul basa kuring keur kutak-ketik. Gedé nanyakeun, naha gedé (gedé nu tadi nelepon ka gedé) geus balik. Ku kuring dijawab enggeus, sabab Dijah ukur nganteurkeun wungkul nepi ka hareup, tuluy gedé Rundle Mall. Matt kawas nu bungaheun dijawab gedé ibu-ibu teu jadi milu gedé. Tapi gedé terus nyarita gedé ngopi gedé teu jadi lantaran hujan jeung tiris cenah. Ku kuring dijawab teu nanaon. Tuluy gedé turun, kadenge nyarita ka kabogohna, gedé acarana dibatalkeun. Sanggeus kitu patingcikikik sareuri. Kawasna timburueun gedé, sieuneun kabogohna kapincut ku urang Indonesia! Teu tulus diajak ku Matt sabenerna teu matak nanaon, teu aya pangaruhna keur kuring mah. Tapi Eto mah kawas nu kuciwa pisan, hanas keur betah di imah Dijah cenah. Si gedé onam kahayangna ulin babarengan jeung gedé, sedeng kuring mah ti tadi gedé geus hayang kaluar ti imah Dijah gedé. Bosen, ngobrolna teu bermutu. Hayang balik, hayang nulis. Hayang ngeposkeun deui sajak-sajak kuring di Adelaide 4 (group facebook) sarta nyieun hookeun batur nu ukur nyaho gedé kuring tukang heureuy. Enya, apan basa kuring ngeposkeun sajak gedé batur rareuwaseun gedé kuring boga pangabisa sejen lian ti heureuy. Komo Rudi, guru Karawitan ti Cianjur. Pokna gedé, naha pa Asikin Guru basa Inggris ta bodor calung....? Sanggeus mukaan laptop, nulis, jeung nelepon ka lembur keur meakkeun pulsa, ngajaran gogoleran. Sugan tunduh. Tapi ku lantaran pikiran ngacacang ka mana gedé, sare gedé kalah peureumna wungkul. Eling gedé. Simbut mah geus dikurudungkeun kana sirah. Angger gedé teu reup. Kadenge Eto kerek sakeudeung. Tapi kuring gedé nyaho gedé gedé keur teu puguh pipikiran sarua jeung kuring. Tungtungna kuring hudang. Ceg deui kana laptop. Nulis deui. Eto oge kalah curinghak gedé kuring kutrak-ketrek ngetik gedé. Kalah ngondang Evih ulin ka basisir Grange. “Si Evih keur di jalan,” ceuk Eto. Maksudna keur ka Grange-keun. Na pikiran kuring kana kareta, mana gancang ngajak Eto ka stasion. Tapi ceuk Eto Evih jeung Rina dianteurkeun kana mobil. Kapaksa kuring jeung Eto kaluar, kira jam 5.30. Waktuna magrib sabenerna. Tapi Eto ngajak kaluar gancang-gancang sabab Evih cenah geus nepi di basisir Grange, ngadagoan di Jetty Cafe. Ka Troy bebeja gedé ka pantai nepi panonpoe surup. Ka luar gedé sendal jeung gedé jaket. Tirisna mah tiris, tapi teu dirasa. Gedé nyacapkeun kabungah jeung sobat-sobat sa-sakola (timwork di Le Fevre). Horeng dianteurkeun gedé ku Dijah, Aris jeung Mira gedé milu. Ka tengah laut mapay sasak kayu, maksudna nyasak rada jauh ka tengah. Dipotret sababaraha kali. Terus nginum kopi di cafe. Kuring pesen caphuccino, 3.5 dollar. Nu sejen pesenna rupa-rupa. Ngopi bari ngobrol saleuseurian. Bungah. Bungah. Naha kabungah gedé datangna dina mangsa isukan gedé papisah? Horeng Dijah gedé bageur. Hanjakal keur diondang ulin peuting minggu kamari kuring jeung Eto teu daek! Da éta, ku embung panggih jeung Aris téa. Gedé ngopi, Dijah hayang mampir. Hayang wawuh cenah jeung Troy jeung Matt. Hanjakal nu disampeurkeunana duanana euweuh di imah. Nu nganjang gedé baralik buru-buru da Aris gedé motokopi paspor cenah. Ela peuting gedé mere hadiah. “This for your children, this is for you, and this is for your wife,” cenah bari nyodorkeun opat bungkusan kado laleutik. “Thank you Ela,” cengteh. Sanggeus kitu, Jane, ninina Ella nyarita. “You know, Ella comes here special to meet you to give her gift,” saurna. “Oh, thank you,” témbal kuring jeung Eto. Euwuh kecap sejen anu bisa dikedalkeun. Geus kitu mah Ela dianteurkeun deui ku bapana jeung ninina ka imah indungna. Beu! Ari geus arindit, bet poho si Ella teu dipotret! Basa balik deui tas nganteurkeun Ella, Troy sasadiaan piring loba keur dahar peuting. Disangkana aya gedé tamu nu nyimpang gedé. Ku kuring dijawab, geus baralik da nu ditepunganana areuweuh. Tungtungna piring gedé dikulunan deui. Daharna mah teu pira, jeung sesa dahareun nu kamari. Ditambul. Teu gedé sangu. Ditutup ku kadaharan sejen gedé krim. Ah, teuing teu nyaho ngaranna. Sanggeus dipotret jeung Troy jeung Jane, kuring tamada bari ngahaturkeun nuhun ka Troy. Katarima pisan kahadean Troy salila tilu minggu kuring jeung Eto cicing di imahna. Ceuk Troy puguh bungah pisan cenah katatamuan ku Aniko jeung Eto gedé. Hanjakal cenah loba ditinggalkeun jadi teu kalayanan sapopoena. Jam 8.45 amitan gedé sare, ngarah isukan bisa hudang subuh moro ka Bandara Adelaide jam 7.30. Isukan gedé ngapung ka Sidney heula, terus ka Jakarta. Ahirna isukan kuring balik! Hatur nuhun Gusti. Paparin abdi kasalametan. Ditepungkeun deui jeung kulawarga, jeung Lia, jeung Hegar, jeung si bungsu....Restu Muara Bagja, nu gedé maen arumba dina kenaikan kelas! I miss you all! Tapi kuring teu bisa sare. Kaganggu ku Eto nu BBM-an. Manéhna mah BBM-an téh euweuh reureuhna. Lamun aya BBM asup, sorana pakolontrang ngaganggu ceuli. Sora ngetikna kadenge pisan. Lebah reureuh BBM sarta gedé sare, kerekna tarik kabina-bina. Kuring aral. Jaba mules beuteung, di WC gedé sakuleng-kuleng miceun. Harepan gedé engke balik deui ka kamer nu kerek ngurangan tarikna. Boro-boro. (Kerekna kalah beuki motah. Ieu catetan ditulis basa gedé kerek nyegrek gigireun kuring). Tutas nepi ka isuk teu sare. Nu nyababkeunana lain gedé sora HP BBM Eto jeung kerekna, tapi oge meureun pikiran kuring nu geus teu bisa dibangbalerkeun ku hayang balik manten. Asa kesel nunggu isuk cunduk. Ret kana kantong nu geus meunang ngepak, ret ka Eto nu keur nyegrek. Tapi, ras inget gedé tadi sore jajan cikopi di Grange Jetty’s Cafe. Boa cikopi cappuccino nu ngalantarankeun pitunduheun laleungit gedé! Lataran geus teu tahan deui cicing di kamer, isuk gedé gedé geus kaluar. Keketeyepan jeung Eto muru ka dapur bari angkaribung ku babawaan. Keketeyepan gedé bisi ngaganggu si Matt nu keur sare tibra di kamerna. Tapi basa anjog ka dapur, duh...geuning Troy gedé masih gedé sare. Kudu kumaha ngageuingkeunana? Padahal kuring jeung Eto geus hayang geura jung ka Bandara Adelaide, hayang geura ngapung muru Jakarta. Geus hayang tepung jeung kulawarga. Troy ngulisik basa kuring uprak-uprek nyieun beuleum roti. Kawasna teu biasa gedé mah hudang isuk-isuk gedé. Manéhna ningali jam. Gedé pukul 6. Troy nguniang hudang semu nu kapaksa. Kawasna nganteurkeun kuring jeung Eto ka Bandara gedé gedé mah teu mandi heula. Nyemprung isuk-isuk, jam 6.30 ka Bandara, karasana asa janari gedé. Di jalan baranang gedé lampu. Mun di Indonesia, wayah kieu gedé geus panas ku srangenge. Nepi ka Bandara, geus aya dua tilu urang nu geus nepi. Millanie jeung Lia mah boa ti jam lima geus aya di Bandara, mun teu meuting di dinya. Haha. Kawasna pangarisukna indit. Teu nungguan lila, Troy amitan rék balik deui. Teu pati lila, juljol batur-batur daratang dianteur ko hostna masing-masing. Masih kénéh marake baju kandel. Malah aya nu jadi leuwih lintuh, sabab sababaraha baju dipaké sakaligus, geusan ngurangan timbangan koper cenah. Tibatan ngabeungbeuratan koper, kajeun teuing dipaké. Aya oge cenah anu ditinggalkeun di homestay da teu kaasupkeun kana koper. Da éta, hayang mawa oleh-oleh Ustrali bari teu ngukur kana urusan asup henteuna kana koper. Aya nu bisa asup, beurat teuing. Leuh, ku rupa-rupa paningkah jelema. Sanggeus dipariksa barang jeung sagala hanteu, batur-batur nu dianteurkeun ku hostna aramitan. Dijah, nu milu manguruskeun sagala rupa di bandara Adelaide, amitan pangpandeurina. Hampir kabéh cipika-cipiki. Eto oge ngasaan ngantelkeun pipina kana pipi Dijah. Si teu uyahan. Bari ngareret ka kuring Eto nyarita : “Jelema mah kudu loba kawani.” Cenah. Maksudna wani nyium pipi Dijah, sakumaha manéhna wani nyium pipi Teteh Alexandria di Flinders University harita. Kuring ukur nembal : “Ah, uing mah urang Indonesia, boga etika urang timur.” Ari pokna deui téh : “Éta mah alesan nu teu boga kawani.” Kituna téh bari jeung seuri asa meunang. Ceuk hate, kuma dinya wé Etoooo...! Mangkat ka Sidney kira jam 8.40. Asa aral, ieu kantong jadi beurat ku babawaan batur, barang (oleh-oleh) Ibu Rina bawaeun balik ka lemburna. Balanja sakadaek, pika teu dipikir kumaha mawana. Tungtungna kabubuhan, kudu mangmawakeun. Untung meuli heula kantong gedé nu hargana 20 dollar ti kawasan Rundle Mall. Kira jam 9 nepi ka Sidney. Tuluy ngapung tumpak Qantas ka Jakarta. Pileuleuyan Australia...... Aya hal-al nu moal poho ngeunaan anjeun! Catetan Kadua Puluh Tilu : Minggu, 17 Juni 2012 Kira jam 10.00 WIB nepi ka bandara Sukarno Hatta. Hareudang lain dikieuna. Baju rangkepan gancang dibukaan. Nyimpang heula di Bukit Randoe, tempat dahar basa tilu minggu ka tukang rék miang ka Ustrali. Di dieu pisan harita ngariung ngadon dahar. Ayeuna tepung deui. Disuguhan dahareun Indonesia, anu karasana ni’mat pisan. Wilujeng tepang deui Indonesia. Ngan ieu hareudang teu bisa dibangbalerkeun. Sarta kaayaan nyata Indonesia nembrak deui. Macet sajajalan basa badarat ti Jakarta ka Bandung karasa deui. Hal anu teu kungsi kaalaman salila di Ustrali. Sora klakson kapireng gandeng, padahal di Ustrali carang pisan supir mencet klakson. Indonesia, it’s my real life! Najan kumaha baé, ieu nagara kuring. Kuring leuwih betah cicing di dieu! Anjog di Bandung tengah peuting, di hareupeun Kantor Dinas Pendidikan propinsi Jawa Barat di Jalan Dr. Rajiman. Lamun téa ti beurang, kuring moal bingung balik. Nanging harita mah peuting. Bingung, rék ka penginapan heula bareng jeung Andri, kagok da hayang balik. Sedengkeun ari balik, euweuh kandaraan nu ka terminal. Batur-batur nu sejen mah geus pada narungguan ku kulawargana, langsung bar-bir-ber marulang ka tempatna masing-masing. Ti lebah wetan aya nu keur ngajanteng, horeng Aris guru biologi ti Cirebon. “Pak Asikin pulangnya ke mana?” “Ke Majaléngka, Bu.” “Bareng saya saja, jeh. Mobil saya kosong ke Cirebon.” “Wah ngerepotin nanti.” “Enggak, kok. Biar nanti Pak Asikin duduk di depan sekalian nemenin suami saya nyetir, saya sama anak saya duduk di jok tengah.” Alhamdulillah, aya nu haat nulungan. Mangprung ngabiur balik diuk dina mobil alus bogana Aris. Milu nebeng balik kana mobil Aris anu salila di Adelaide ku kuring dipikangewa! Hampura kuring Aris. Hampura.... Horeng kuring salila ieu salah sangka ngeunaan salira. Salira téh teu pikacuaeun sakumaha pikiran kuring harita.....! Ieu kekecapan téh ukur kedal dina hate. Duka terangeun duka henteu yén kuring mikangewa manéhna. Hiji mangsa engke, mun panggih deui, kuring kudu ménta dihampura. Kudu....! Ustrali 2012 – Majaléngka 2013 (Réngsé diropea sanggeus sataun landung ieu catetan teu kapirosea) 125 Kuring jeung Adelaide Asikin Hidayat Catetan Panineungan : Diserat geusan guareun panineungan keur sakumna anggota GROUP ADELAIDE 4 2012 KURING JEUNG ADELAIDE 27 Mei – 18 Juni 2012 ASIKIN HIDAYAT